Kang Rahman nyerat :
> meuli, rarasaan teh. Beu hese Kang! Dibetot ti hareup
> mururgul, didorong ti tukang... erem na didedetkeun
> mani pageuh! Jadi cape teu pararuguh, antuk na mah...
> jadi proyek kuring sorangan we!
>
Hehehehehe.......da enya hese Kang, ngajak batur teh. Komo ari Kang Dede mah
ngajak tukang ngamen dijalan diajak didamel bangunan. Ngan panginten kasus
kang Rahman sareng Kang Dede benten. Kang Rahman ngajak urang lembur, ari
Kang Dede mah ngajak jalmi "terpinggirkan" di kota. Urang lembur umumna
ayeuna mah lamun tiasa mah, hororeameun macul deui. Margina naon, harga
produk pertanian mirah pisan, teu kahartos. Langkung sae ka kota, di kota
artos langkung gampil dipilarian. Kabeneran kuring masih boga sawah di
Sumedang, warisan. Teu kaharti Kang, moal bisa hirup. Taun tujupuluhan,
saton-dua ton bangsal (gabah) geus bisa meuli motor bebek buatan jepang
weuteuh/ tilas tapi sae keneh, ayeuna diperyogikeun 11 /12 ton gabah kanggo
motor bebek buatan jepang. Jadi saleresna daya beli patani teh, salami 30
taun ieu, turun teras. Janten saha nu kersa jadi patani, ari sanes
kapaksa-paksa teuing mah. Akhirna ngabrul ka kota, kota padet, seueur jalmi
nu ka marginalisasikeun. Tah upama jalmi geus jiga kieu, wah .....tambah
hese dititah digawena, jiga tukang ngamen nu diajak ku kang Dede tea.

Saleresna pertanian ku pamarentah urang disubsidi ageung pisan. tapi
subsidina teh keur infrastruktur (sapertos irigasi) atawa pupuk, anu henteu
"berhubungan" langsung jeung income patani jeung terang nyalira diurang mah
apan seueur korupsi. Janten anu sugih  teh sanes patanina tapi ..... para
padamel anu ngadamelkeun infrastruktur (padamel pamarentah sareng para
kontraktorna) atawa  pabrik pupuk. Ari para patanina mah, titah digawe
teras, dugi ka tiasa panen dina satuan tilu kali, tapi daya belina turun
teras ...............

Ari kuduna mah subsidi kana widang pertanian teh langsung ka patanina.
Contona pamarentah meser produk pertanian anu vital (sapertos beas) rada
onjoy ti harga pasar , tapi diicalna langkung mirah ka masyarakat. Ieu tiasa
masihan motivasi ka patani kanggo soson-soson didamel,  engkena produksi
dahareun seueur teu kedah impor sareng ngirangan urbanisasi ka kota-kota.

Tos ah. ukur teori, da ari teori mah gampil, duka ari praktekna mah
.....................hehehehehe


Baktos,
WALUYA



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke