Wilujeung teupang deui baraya di dunya maya,

Hapunteun sateacana bilih dina cairosan teu sapagodos sareung 
emutan, miwah nu utaminamah punteun pisan bilih ngajahetkeun manah 
wargi sadayana. Rumaos masih keneh atah dina wawasan deet tina 
pangalaman.

Ngaos seratan ti kang rahman, kang waluya, miwah kang dd perkawis 
wangsa urang sunda khususnya, indoneysa umumnya, asa sararedih, 
wararatir, jeung tunggara hate ,lamun heug orok keneh mah, hayang 
ngoceak ieu teh.

Tapi da sanes orok, da orokmah moal enya tiasa ngimel. :>>

Perkawis sawah, nu saur kang waluya, beuki dieu beuki turun nilai 
ekonomisna teh, da leres atuh, conto perbadinganana, kapungkur 
sakali panen ge tos tiasa meser hiji motor, ayeuna mah ngan cekap 
keur dp. Hal ieu aya hubunganana sareng kurs panginteun.

Baraya sadayana, simkuring aya implengan, lamunan, atanapi duka ide 
ieu teh. Upamina aya sakempelan (investor), urang sunda contona, 
miara sawilayah anu cekap luas hasil pertanian, beas utamina, 
bibitna kwalitas unggul, ngangge teknologi modern, para petani 
tradisional dilibatkeun, teras hasil pertanianana di ekspor ka lian 
negara (utamina ka baraya ) . Panginteun ieu mah, ieu mah keur 
awalna mungkul,(pasti invest na seueur),  upami saterasna, konsumen 
nu lain, ari tos terang eta kwalitas sae mah pasti ngiringan 
ngagaleh.

Ah ieu mah saukur hiji lamunan simkuring, duka tah pamendak baraya 
sadayana?




  
  




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke