Tatangga kuring, aya etnis Tionghwa, teu apal aran salakina mah ngan apal ka aran pamajikanana, katelahna teh Ci Wawa. Duka aran lengkepna mah sabab imahna beda RT jeung imah kuring. Geus lila natangga jeung manehna teh aya kana 17 taunna. Waktu baheula mah manehna teh digawena teh sok disalon, cenah mah disalon dulurna. Ari salakina boga pabrik kecap, ngan bangkrut, kecapna teu payu eleh ku kecap-kecap buatan konglomerat.
Hiji waktu aya tatangga hareupen imahna, nyieun bolu kukus, ngajakan tatangga nu sejen kaasup Ci Wawa. Der para ibu teh nyararieun bolu kukus, tapi kulantaran acan bisa, bolu kukus teh euweuh nu jadi. Ci Wawa panasaran, manehna nyieun percobaan deui, sabaraha kali, tepi ka bolu kukusna jadi. Bolu kukus diabgikeun ka tatangga. Ngeunah geuning bolu kukus meunang Ci Wawa teh. Antukna loba tatangga nu rek boga acara, sok pesen bolu kukus ka manehna. Lila ti lila Ci Wawa lain wae nyieun bolu kukus, tapi rupa-rupa kadahran tina tarigu. Aran manehna jadi kasohor tukang nyieun bolu jeung roti. Manehna eureun tina salon, ngahususkeun diri dina widang dahareun. Ti peuting manehna nyieun dahareun kayaning bolu jeung roti. Subuh- subuh salakina make motor bebek butut nu jok tukangna aya kotak kayu dieusieuna roti, nganteurkeun roti ka langganan anu nelepon peutingna. Lamun subuh-subuh pas kuring lari pagi, sok papaliwat jeung salaki Ci Wawa mu naek motor jeung kotak kaina, nganteurkeun roti kamana- mana. Ari pasanggrok teh kuring jeung manehna ukur silih bales manggut tara patanya da manehna dina motor, kuring ngos-ngosan lulumpatan. Duka saha wae eta nu pesen roti teh, da kuring kungsi manggihan di Gegerkalong nu jauhna aya kana 12 kmna ti imah kuring. Usahana langgeng tepi ka ayeuna, sanajan ukur kitu, tapi nu jelas mah manehna bisa hirup tina nyieunan roti. Didinya hebatna etnis Tionghwa teh, gawena soson-soson (serieus jeung kerja keras). Tina asalna diajak "heureuy" nyieun bolu kukus, malah asa kaideuan bisa muka usaha nyieun roti! Baktos, WALUYA --- In [email protected], Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Wahyu dan "Virus" Wirausaha > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
