> Tionghwa teh, gawena soson-soson (serieus jeung > kerja keras). Tina > asalna diajak "heureuy" nyieun bolu kukus, malah asa > kaideuan bisa > muka usaha nyieun roti! >
Kang Wly, Sigana mah bangsa urang teh teu bogaeun 'konsep'usaha! (Keun bae dianggap gagabah oge he he he, ieu mah sakadar ngarahul da kuring ge teu bogaeun data!). Kuring rek ngadongengkeun kulawarga we. Pun Aki ti indung (ari ti pihak bapa mah nya katelah supir masjid he he he)baheula mah boga usaha tani anu gede; sawah, lahan tatanen, jeung boga kebon entéh sagala. Inget jaman baheula lamun keur usum panen teh sok loba jelema mantuan panen... kacang, jagong, sayuran, pare.... leuit teh mani teu cukup. Tukang nutu mani ngajajar trang-treng-trong... resep ngabandunganana. Ngan hanjakal na teh ieu rajakaya teh ludes... Sabab barang pun aki maot teh eta rajakaya teh direrewet ku katurunan aki kuring anu lobana 12 urang. Anu jadi masalah teh usaha tani anu gede direcah jadi leutik, antukna mah ngan ukur cukup keur kulawarga leutik wungkul. Kuring ngabandingkeun ieu kanyataan jeung situasi usaha tani di NL. Geuning di NL mah patani teh meh sarua jeung tukang usaha, make manajemen usaha jlte. Lamun hiji patani maot, ieu pausahaan diturunkeun ka anu boga minat neruskeun pausahaan. Lamun budak euweuh nu minat nya kabeh dijual... Kasimpulan: aki kuring sigana teh teu nganggap 'usaha' kana usha tani na. Lamun tea mah konsep usaha diterapkeun, sigana teh moal nepi ka ludes kitu. Sabab kapitalna diturunkeun sagemblengna ka anu boga kamampuhan pikeun neruskeun ieu usaha. Kitu? Meureun ketah.... Baktos, Rahman, Wassenaar/NL __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help Sudanese refugees rebuild their lives through GlobalGiving. http://us.click.yahoo.com/V8WM1C/EbOLAA/E2hLAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
