--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Didinya hebatna etnis > Tionghwa teh, gawena soson-soson (serieus jeung kerja keras). Tina > asalna diajak "heureuy" nyieun bolu kukus, malah asa kaideuan bisa > muka usaha nyieun roti! ari pamendak simkuring mah, sanes kulantaran etnis wae, nanging ku kaayaan kapaksa. Kapaksa mikiran kudu kumaha nyukupan kabutuhan hirup. Jadi weh satekah polah nyobaan usaha itu ieu. Sabab lain nyaeta manehna hirup di lembur batur, jadi lewih soson-soson tibatan urang lemburna sorangan. Kuring weh kantos ka pagaralam, kotip palembang, diditu anu maju teh urang jawa, sunda, jeung padang. urang ditunamah kitu-kitu keneh, ngan ukur ngandelkeun kopi sataun sakali, ari keur usum panen mah meuni sagala di peser, na ari paceklik sagala di jual. Ayeuna simkuring di batawi, urang batawinamah paling ukur meli motor terus ngojeg, ngajualan warisan weh, beak tungtungna, tapi nu balenghar sabab usaha mah urang lian, urang sunda ge loba pisan didieu. Sapertos kantos kang waluya masihan artikel perkawis urang sunda anu berhasil di lembur batur. Panginteun mah sanes ku etnis-etnis teuing. Nanging ku kaayaan kapaksa, sareng di lembur batur, jadi weh kerja keras tur kreatif. Panginteun ieu mah. Baktos DJadjang ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
