Ngiringan akang-akang, Panuju kang JS. Kangaranan barang geus dibeuli mah pek-pek onam bade dikumahakeun oge. Ngan meureun nu kasebutna 'hajat orang banyak' teu bisa disamarutkeun. Jiga kl taun 98/99 basa rame nu narimbun sembako, geuningan harita saur alm.Bp.Atang Ruswita PR : hukum gantung jelema tukang nimbun sembako!!! Asa kacida we, nuangan 'hajat orang banyak'. Kuring mah karek ngambeuan anginna ge ampir2an olab. Mun kuring teu lepat dangu, pan geuning dina hukum islam oge teu meunang nyiar kasab ku jalan ngaruksak sistem anu geus galib jeung umum. Pasti bakal loba geura eksesna. Kl tos 2 bulan, di lelewek pakulian kuring, Solar rada hese newakna teh. Aya kalana kudu muntang tulung ka sabangsaning oknum. Aya tatangga mah balanja ti 'black market', solarna teh campur leutak. Aya oge nu nalaktak, ngabringkeun treuk ka unggal SPBU. Saiangan 10 treuk, terus dicicikeun kana tengki di pabrik. 10x100 liter= 1Kl hancengan umum diuyup ku urang pabrik. Anu kieu patut teh lain sakali dua kali jeung lain hiji dua pabrik, da kuring ge selon2 teuing mah bakal nurutan. Keun bae, seubeuh uing henteu batur ge. Jaman edan, lmn teu milu edan moal kabagean. Hampura ah, lain ngacapruk ieu mah. Satengah aral meureun pibasaeunna teh. Di lembur kuring anu nyingkur, loba deui anu leuwih aral. Cindekna mah, geus teu wani ngimpi2 acan. Coba mun aya harengheng kabejakeun dina tipi, nyalse we pokna teh : tah, perang deui sigana yeuh! Sok lah, ambeh ripuhna sarerea. Ulah wawarehan.
Wassalam, Teja ============================ > > Maksad teh, ari tos di galeuh mah, janteun milik nu ngagaleuh, rek diical deui ge teu nanaon lin? ================================== > > Ah, piraku bae dianggap legal mah... da geus puguh penyelewengan... > Memang diurang teh rada susah lamun aya barang subsidi teh. Lain > dipake ku sorangan, malah dijual. Baheula aya usulan supaya BBM nu > dijual ka mobil umum leuwih murah tinimbang ka mobil pribadi. Tapi > jigana mah moal baleg, sabab engkena mobil umum teh lain jalan narik > panumpang, tapi kalahka ngajualan bengsin .....hehehehe ============== ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
