Candi Cangkuang nyaéta candi nu aya di Kampung Pulo, wewengkon Cangkuang,
Kac. Lélés, Garut, Jawa Kulon.

Sajarah
Candi ieu mimiti kapanggih taun 1966 ku tim panalungtikan Harsoyo jeung Uka
Candrasasmita dumasar kana laporan Vorderman (medal taun 1893) ngeunaan
ayana arca nu ruksak jeung makam karuhun Arif Muhammad di Lélés. Lian ti
manggihan ruruntuk candi, aya ogé talawéngkar sésa paso jeung batu-batu
badag nu dikira-kira mangrupakeun titinggal jaman mégalitikum. Panalungtikan
salajengna (taun 1967 jeung 1968) hasil ngagali wangunan makam téa.

Najan ampir bisa dipastikeun yén ieu candi téh titinggal ageman Hindu (kira
abad ka-8 M, sajaman jeung candi-candi di situs Batujaya jeung Cibuaya?),
ahéngna téh ku ayana pakuburan Islam di gigireunana.

Géografi
Candi Cangkuang ayana di hiji "pulo" leutik nu bentukna manjang
ngulon-ngétan nu legana 16,5 ha. Pulo leutik ieu aya di tengah situ
Cangkuang dina koordinat 106°54'36,79" Bujur Wétan jeung 7°06'09" Lintang
Kidul. Lian ti pulo nu aya candian, di situ ieu aya dua pulo séjénna nu
ukuranana laleutik.

Lokasi situ Cangkuang ieu topografina aya dina hiji lembah subur kira 600-an
m l.b.l. nu sakurilingbungkingna mangrupa gunung-gunung: Gunung Haruman (
1.218 m l.b.l.) di béh wétan-ngalér, Pasir Kadaleman (681 m l.b.l.) di
tenggara, Pasir Gadung (1.841 m l.b.l.) di béh kidul, Gunung Guntur (2.849 m
l.b.l.) di béh kulon-ngidul, Gunung Malang (1.329 m l.b.l.) di béh kulon,
Gunung Mandalawangi di béh kulon-ngalér, jeung Gunung Kalédong (1.249 m
l.b.l.) di béh kalér.

Wangunan candi
Wangunan candi Cangkuang anu ayeuna kasaksian mangrupakeun hasil mugar nu
diresmikeun taun 1978. Candi ieu ngadeg dina hiji lapik pasagi nu ukuranana
4,7 x 4,7 m nu jangkungna 30 cm. Suku wangunan nu ngawengku pelipit padma,
pelipit kumuda, jeung pelipit pasagi ukuranana 4,5 x 4,5 m nu jangkungna
1,37 m. Di sisi kalérna aya penampil tempat tangga naék nu panjangna 1,5 m
jeung lébar 1,26 m.

Awak wangunan candi bentukna pasagi 4,22 x 4,22 m nu jangkungna 2,49 m. Di
sisi kalér aya lawang asup nu ukuranana 1,56 m (jangkung) x 0,6 m (lébar).
Suhunan candi aya dua tingkat: pasagi ukuran 3,8 x 3,8 m nu jangkungna 1,56
m jeung 2,74 x 2,74 m nu jaungkungna 1,1 m. Di jerona aya rohangan ukuran
2,18 x 2,24 m nu jangkungna 2,55 m. Di dasarna aya legok ukuran 0,4 x 0,4 m
nu jerona 7 m (dijieun nalika mugar sangkan wangunanana stabil).

Di antara sésa-sésa wangunan candi, kapanggih ogé arca (taun 1800-an) nu
posisina keur sila luhureun padmasana ganda. Suku kénca nilep datar nu
alasna nyanghareup ka jero pingping katuhu. Ari suku katuhu ka handap napak
kana lapik. Hareupeun suku kénca aya hulu sapi (nandi) nu ceulina nunjuk ka
hareup. Ku ayana hulu nandi ieu, para ahli nganggap yén ieu arca Siwa.
Leungeun duanana namprak luhureun pingping. Dina awakna aya hiasan beuteung,
hiasan dada, jeung hiasan ceuli.

Kaayaan arca ieu geus ruksak, beungeutna geus rata, leungeun neip ka
pigeulang duanana geus leungit. Lébar beungeut 8 cm, lébar taktak 18 cm,
lébar cangkéng 9 cm, padmasana 38 cm (jangkungna 14 cm), lapik 37 cm & 45 cm
(jangkung 6 cm jeung 19 cm), jangkung 41 cm.

Candi Cangkuang sakumaha anu kasaksi kiwari, sabenerna mangrupakeun hasil
rékaan rékonstruksi, sabab nu aslina mah ukur 35%-an. Ku kituna, bentuk
wangunan candi Cangkuang anu sabenerna mah can kanyahoan.

Candi ieu jarakna kira 3 m kiduleun kuburan Arif Muhammad.

Rujukan
Bambang Budi Utomo. 2004. Arsitektur Bangunan Suci Masa Hindu-Budha di Jawa
Barat. Kementrian Kebudayaan dan pariwisata, Jakarta. ISBN 979-8041-35-6
Candi Cangkuang, Candi Di Jawa Barat, artikel-artikel koléksi
Arkeologi.net<http://Arkeologi.net>

Artikel ieu disalin ti http://su.wikipedia.org/wiki/Candi_Cangkuang

--
sikandar
kumincir.multiply.com <http://kumincir.multiply.com>
www.urang-sunda.or.id <http://www.urang-sunda.or.id>
su.wikipedia.org <http://su.wikipedia.org>


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery.
http://us.click.yahoo.com/X3SVTD/izNLAA/E2hLAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke