> Jiga kieu upamana, aya beja yen bumi teh buleud. Pek urang ngamalkeun > sikep skeptis tea, bisa nguntungkeun bisa oge cape sorangan. Upama urang > teu percaya tea, hayoh kudu neangan sorangan aprak-aprakan, rek neangan > bukti bener heunteuna bumi teh buleud. Lamun urang percaya, hayoh deuih > kudu tuturut munding kana teori nu dijieun ku batur.
Kang MH, Lamun embung cape tuturubun ngukur dunya, gampang. Milu jeung NASA atawa meun teu percaya ka AMRIK mah, milu jeung Rusia hiber ka jomantara. Pan bakal katempo buleud atawa gepeng na dunya he he he. Ngan nya kitu... kudu boga duit karungan. Mun ngitung keneh receh mah... pimanaeun meureun! ;)) Sakalian ngalongok Nini Anteh jeung Ucing na di Bulan? Karunya... geus lila euweuh nu ngalongokan! baktos, Rahman
