Tah ieu menarik upami merunut kana jejerna para pahlawan sunda termasuk salah 
sahijina Dewi Sartika sapertosna mah kirang aya anu nga-blow up ti jaman 
kapungkurna ... alias kirang propaganda na Kang ;). Kulantaran nya meureun 
urang sunda na sorangan oge teu patos aya anu nu paduli kitu :(... mun paduli 
mah apanan aya tim promotion campaign na meureun.

Tah sigana ari urang jawa mah utamina mah kartini... sae pisan propaganda na... 
para pajabat jawa oge ngamulia keun daerahna... tah duka tah ari pajabat urang 
mah naha mikir keun henteu kana pahlawan daerahna sorangan... sajarah daerahna 
sorangan paduli atawa hanteu?? Duka oge tah lamun aya pakuat pakait jeung 
urusan perpolitikan tingkat luhur mah... soalna pan jaman ki Ato mah ceunah 
sajarah apanan seueur anu di modif kitu :(.

Contoh case we anu simple yen pamarentah jeung URANG SUNDA teu paduli 
sajarah.... Situs Jatigede wae bade di eleb ... apanan eta teh situs bersejarah 
anu penting keur ku urang di guar... kalahka rek di eleb dijadikeun waduk 
jatigede alesan na keur ngamakmurkeun urang jawa ceunah mah... padahal cobi tuh 
tinggali Situs Muara Jambi anu ayeuna dikembangkeun ku urang jambi... tah 
pinter eta pamarentah daerahna ngembangkeun daerahna supaya punjul... yen eta 
daerah teh bersejarah jeung ngandung nilai anu teu terukur ku naon wae... eta 
situs muara jambi di blow up janten tourism attraction anu menarik... tiasa 
ngundang berbagai lapisan masyarakat datang kadinya kulantaran aya anu menarik 
anu terus di promosikeun ku pamarentahna ... pan lamun seueur anu datang 
kadinya merueunan jadi PAD keur pamarentah, ekonomi oge bergulir... timbul 
multiplier effect anu berkesinambungan. 

Tah anu menarik oge situs-2 di suku Gunung Salak... aya oge anu mrotes urang 
bali ngabersihan ieu tempat jeung mere atribut bali dina eta patempatan... 
urang sunda na poho tah yen Siliwangi jeung Gegedug na Raja Bali teh aya pakuat 
pakait.... justru sabalikna tah urang bali teh ngahurmat pisan ka Siliwangi 
teh... malahan mah maranehna mah edun pisan keur ngahurmat siliwangi teh... 
manehna nyieun pura di handapeun gunung salak.... tah ceuk babaturan anu unggal 
minggu sok ibadah ka dinya ceunah mah... asal muasal nyieun pura di eta 
patempatan teh... kulantaran aya ilapat ka pamimpin agama hindu di Bali yen ... 
aya Roh Suci anu ngancik di Gunung Salak tah terus dikirim weh 2 urang kitu mun 
teu salah mah keur tatapa neangan ilafat ... tah ari pek teh ceunah emang bener 
di Gunung Salak teh aya Roh Suci ... Siliwangi tea. Tah keur ngahurmat jeung 
ngalindungi eta Roh Suci ... maranehna nyieun pura. Edun pan urang Bali bageur 
pisan tah ngilu ngalestarikeun titinggal karuhun.

Dugika ayeuna masyarakat Bali open minded tapi tetep tiasa ngamumule budaya na 
sorangan... tah ieu kudu na mah jadi cermin ka Urang Sunda termasuk abdi 
sorangan kitu kanggo mulai ngalenyepan oge mun tiasa mah ngembangkeun budaya 
urang sorangan... da geuning saparantosna kaguar sakedak sakedik... beuuuu 
geuning luhung ku elmu karuhun urang teh....

Salam,
Asep

  ----- Original Message ----- 
  From: mh 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, December 04, 2006 4:27 PM
  Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: Dewi SarTini?



  --- Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  > Cikan... aya bukti tinulisna (mangrupa arsip) anu nguatan ieu teori
  > teu nya? Mun daek... sagala ge aya dina arsip Walanda mah! Ngan...
  > kudu dikukuy meureun.

  hahaha, ari kang rh nanya ka saha? teh nina nu nulis artikelna oge,
  biheung apalan atawa henteu aya nagri sunda di jagat maya.

  enya jigana kitu kang rh, salah sahiji patokan meunteun jelema teh
  tulisanana nya. leuwih pasna mah meureun, buah pikiran atawa 'message' nu
  diguruntulkeun dina wangun tulisan. kaharti kituna mah, sabab tulisan teh
  geuning kabuktian kiwari, teu laas ku jaman. eusi prasasti nu di tulis na
  batu, kiwari eusi pesanna masih bisa ditulis kana media sejen.

  salam,
  mh

  ___ _ _ _ ___ ____ ___/ __| |_ _ _ __| (_)___| __|__ / _ \\__ \ _| || / _` | 
/ _ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_,_\__,_|_\___/___//_/ /_/

  __________________________________________________________
  Have a burning question? 
  Go to www.Answers.yahoo.com and get answers from real people who know.


   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke