Dina salah sahiji buku seri Sundalana aya salinan tulisan Ambu Dewi Sartika. Tulisan ieu teh mangrupakeun pedaran naon rupa angen2na ngeunaan dunya atikan, anu mun teu salah didugikeun ku anjeunna dina acara ngaresmikeun atawa milangkala atawa naon nya, poho deui, sakola kautamaan istri.
Jadi tetela, lain kusabab Ambu Dewi teu nulis, da kabuktian nulis. Anu eces mah Kartini ngirimkeun angen2na ka baturna di Walanda (sacara umum Eropa), anu meureun bisa dipapandekeun jeung medalkeun kaset lagu pop alus di Amrik jaman kiwari, langsung kaponcorong ku sakabeh jalma ti sakuliah dunya! On 12/4/06, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Urang NL (Kulon sacara umum), pan kasebut boga budaya tinulis anu > hade. Kusabab kitu budaya Kulon leuwih nganggap penting tulisan. > > Enya..., Dewi Sartika boga konsep2 pamikiran anu alus, malah mah > dipraktekkeun sagala. Tapi hanjakal na teh euweuh gutrutna anu bisa > ngabuktikeun yen eta konsep teh hasil pamikiranana. Mun Sartika daek > tulas tulis, sigana mah bakal beda tanggapan internasional teh. > [Non-text portions of this message have been removed]
