> Aya hiji deui yeuh, perkara istilah KULON jeung WETAN. Ari urang nurutan > panempo panon saha nya, make istilah eta teh? Sainget kuring, mun keur di > masigit, ari nu disebut nagri Arab teh ayana beulah kulon lin. Ngan lamun > maca pangacaprukan tinulis nu disebut beulahan dunya WETAN teh kaasup Arab > (WETAN TENGAH tea). Cing sugan aya sasakalana.
Kang MH, Jaman kiwari anu moderen, kabeh... dina segi kahirupan ditangtukeun jeung didikte ku budaya anu punjul. Ketah baheula ge kitu. Budaya anu punjul sok dipiindung ku budaya sejen sabudeureunana. Budaya anu pinunjul jaman kiwari teh... KULON. Budaya Kulon nagtukeun sagala rupa widang kahirupan manusa sa alam dunya. Tong jauh2... ngukur ge pan make cara ngukur Kulon. Lian ti kitu... rek ibadah ge nyanghareup ka Kulon. Ti beulah dinya ketah he he he... ti dieu mah nyangahreup Wetan. Lebah Jazirah Arab, di sebut Wetan (Tengah) teh PASTI ku urang Kulon, da memang beulah Wetan. Ku urang ge nya diturutan we deuih disebut Wetan, padahal mah pan Kulon? Lieur nya? ;)) baktos, Rahman
