Enya nya Kang, masih loba nu nyumput di tukangeun dalil, padahalmah terus terang we hayang kawin deui kituh, geus teu kuat nu dihandap, ulah munapek.. Siga kitu mah.., jelema teh dianggap bodo we, utamana nganggap bodo ka kaum wanoja.
Asa teu acan aya nya, nu mostingkeun kumaha jalan kaluarna lamun salaki hayang kawin deui? kuring rek ngacapruk ah.., kieu : Kuringmah rek ngajakan ka sakabeh kaum wanoja.., "ulah sieun jadi randa", "ulah sieun teu asup surga", tibatan dimadu mending bae jadi randa, (da ieu sabenerna masalah nu rada hese teh di urangmah).., cap "randa" ieuteh nu paling panas kana ceuli para kaum wanoja nu nyandangna.., beda jeung cap "duda" kalahkan sigana kaasup "keren" cap etamah. Jeung pamarentah kudu bener2 bisa mereskeun urusan perceraian, sing adil pisan, ulah ngan hayoh wae leuwih beurat ka pihak lalaki, jadi loba wanoja nu sieuneun cerai akhirna mah, da sieun teu bisa itu teu bisa ieu.., salian ti bakal boga cap nu kacida gorengna di masyarakat, komo ditambah teu boga panghasilanmah, nu akhirnamah..narima we dikitu dikieu ku salaki teh. Hayu ah.., batur2 kaum wanoja.., urang sing bisa neangan hirup sorangan, ulah ngandelkeun wae ka salaki, komo ka salaki nu sigana boga tanda2 hayang kawin deui.., geuwat urang kudu siap. Stop crimes against women!!!! (da pernyandungan teh ceuk kuring mah tetep salah sahiji kajahatan terhadap wanita). Nu keukeuh nyandungmah teu bisa dijadikeun alesan; daripada TTM atawa jinah.. Maria Kang Rahman nyerat : >Nazaruddin umar juga meminta masyarakat tidak menggunakan dalil agama >untuk melegalkan poligami. Sakadar neruskeun obrolan ieu mah, ngarah rame deui. Postingan kuring di saung batur. Leneng2 kadinyah! he he he... RH [Non-text portions of this message have been removed]
