--- In [email protected], "Nenen" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Kumincir, ari abdi mah teu patos apal ka Aa Gym, panginteun abdi > mah berkelana terus. Nembean apal nami "AA Gym" diieu milis, > lantaran ribut masalah poligami.
Teh Nenen, Aa Gym teh upami ceramah sae pisan. kuring mimiti terang kira-kira di taun 1995-1996. Waktu Jumaahan di salah sahiji masjid di Bandung. Lain di masjid gede, da harita mah AA Gym can satenar ayeuna. Waktu jumaahan kuring rada telat, khotbah geus dimimitian. Nu khotbah, make papakean jiga Pangeran Diponegoro, sirahna dibaguded jeung jubah warna bodas. Tadina mah kuring skeptis, moal ngadenge khotbah nu lumayan. Eh ...nu khotbah teh alus pisan. Manehna nyutat salah sahiji ayat ALqur'an, nu eusina kurang leuwih kieu, cenah ngan jalma-jalma nu sholeh nu bakal ngawasa dunya. anjeunna naros : "Ayeuna saha nu ngawasa dunya"? dijawab deui ku nyalira : " ...Amr...", ampir weh kacaletot Amerika. Kuring jadi mesem sorangan. Cilaka lamun kacaletot teh sabab jadi Amerika anu sholeh. Tapi eusi khotbahna sae pisan, yen manusa teh kudu bageur, pinter jrrd supaya bisa jadi sholeh nu engkena ngawasa dunya. Balik jumaahan, nembe kuring terang, nu khotbah teh Aa Gym, nu harita mah katelahna ustadz ti Gegerkalong. Beuki dieu, anjeunna beuki tenar. Sering mucunghul dina TV. Nu ngadangukeun ceramahna seueur pisan, umumna kaum ibu-ibu. Aya kawawuhan kuring, nu boga masalah jeung pamajikanana. Geus ampir pepegatan. Kulantaran PNS, lamun pepegatan teh kedah lapor ka atasanana. Atasanana teu kitu wae nga-acc pepegatan, kawawuhan kuring teh disarankeun konsultasi ka Aa Gym supaya rumah tanggana bisa dilanggengkeun. Nya digugu, salaki-pamajikan ieu unggal minggu sok ka Daurul Tauhid di Gegerkalong, ngadangukeun pituah Aa Gym. Alhamdulillah sanggeus 3 bulan, pacekcokan ieu cageur. jadi runtut- raut deui, malah akhirna munggah haji babarengan. Tah, nu samodel kieu teh seueur nu "diubaran" ku Aa Gym, boh sacara langsung atawa ukur ngadangukeun ceramahna dina TV. Tapi, ieu oge sigana nu jadi bumerang kanggo Aa Gym, kulantaran anjeunna nikah deui. Loba nu teu percaya, loba nu asa dibobodo jeung reaksi nu sejenna deui. Reaksi publik memang sok leuwih kejem, nu mungkin Aa Gym nyalira oge teu sadar, reaksina bakal hebat kieu. Teu kurang Presiden SBY tepi ka manggil Menteri Agama, supaya UU Perkawinan di Indonesia diperketat pelaksanaanana (Wartos BBC ti Kang RH, oge kamari kuring maca koran Jawa Pos soal ieu di Surabaya). Baktos, WALUYA
