From: "a2z idea" <[EMAIL PROTECTED]> > Raraosan ceuk versi pribados, antara hate jeung akal teh teu bisa > dipisahkeun.
Enya, ari kituna mah, da sagalana oge aya dina otak. Ngan ari logika matematik mah ayana dina otak kenca, ari agama mah, dina otak katuhu (mudah2an teu tibalik). Rada belegug kuring nerangkeunana. Tapi rek nurutan kang RH we, ari agama mah siga kabeuki kana dahareun. Pan jalmi teh rupa-rupa kabeukina teh. Nu samodel kieu mah, moal bisa saperti kaidah matematik, anu bisa ditarima sacara universal. Urang sunda beuki jengkol, urang Perancis beuki keju bau, urang Philipina beuki endog kacingcalang (endog nu teu jadi megar, nu kacida bauna). Tah ayeuna masalahna, aya nu beuki endog kacingcalang, maksa batur supaya beukieun, keukeuh peuteukeuh, kabeuki manehna kana endog kacingcalang dipaksakeun ka batur, bari terus nyieun alesan yen endog kacingcalang teh gizina langkung sae, rasana raos pisan. Mungkin bener, endog nu teu jadi megar teh, gizina alus, ngan tetep we batur nu teu beukian mah, moal daekeun ngadahar, dipaksa ge kalahka utah!. Si tukang keukeuh sureukeuh ieu, geus ngartikeun kabeuki manehna sarua jeung kaidah matematik nu bisa katarima dimana wae oge. Tah, maksud kuring teh kitu Teh Aryani. Agama, kabeuki, bogoh ...... eta lain matematika, nu kararieu mah teu bisa dirumuskeun. Teu bisa diuniversalkeun supaya sakabeh sarua sabab nyaeta hate nu dipake (kacocogan), lain otak (kenca) nu dipake. Baktos, WALUYA
