Kang sareng Teteh,
Sabalikna justru ceuk abdi mah agama teh ngandung nilai-2 anu luhung jeung 
sifatna universal tah kulantaran kitu pasti weh kuduna mah asup kana logika 
akal sehat. Soalna lamun aya ajaran agama anu teu asup jeung akal sehat pasti 
weh eta pakojot tah agama. Pan Aa Gym oge samemeh kajadian nyandung mah manehna 
jadi idola teh kulantaran anu diajarkeun teh asup kana logika akal sehat. 
Malahan mah rerencangan kantor abdi wae anu berlainan kayakinan pas ngadangu 
ceramah Aa Gym mah bet resep saurna teh tiiis pisan karasana. Tah kulantaran Aa 
Gym make hate jeung perasaan ieu yeuh manehna jadi hayang nyandung teu mikir 
make logika akal sehat yen nyandung teh bakal nganyerikeun pamajikan manehna. 
Teu mikir oge tah umatna anu baheula mikaresep bakal mikangewa, jeung teu mikir 
oge jadina tungtung na teh bisa ngagogoreng Islam kulantaran loba jelema anu 
jadi anti pati ka ajaran Islam... siga kuring maca forwadan Kang Rahman ti urg 
Singapore.

Tah loba jelema anu kajurung ku napsu ngumbar amarah kulantaran logika akal 
sehatna teu dipake... jadi weh Allooooh hu akbar duruuuuuk ceunah... Allooooh 
hu akbar boooom ceunah beuuuu :(. Padahal mun make logika mah asaan mah teu 
merenah pisan Gusti Alloh anu Maha Suci anu Maha Welas jeung Maha Asih 
digorowokeun keur dipake ngaruksak :(. 

Salam,
Asep

  ----- Original Message ----- 
  From: a2z idea 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, December 08, 2006 5:11 PM
  Subject: RE: [Baraya_Sunda] Agama= Matematik?


  Kang Waluya nyerat:
  Sababna ..... agama mah urusanana
  jeung hate (perasaan) lain jeung logika (akal).

  Na kitu kang?
  Raraosan ceuk versi pribados, antara hate jeung akal teh teu bisa dipisahkeun.

  Ketang teuing atuh bilih abdi teh nuju lieur.

  Baktos,
  Ar
  *Bae lieur asal tetap ceria*


  ---------------------------------
  Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!

  [Non-text portions of this message have been removed]



   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke