Aih atuh kang ari kitu mah geuning. Sugan teh kumaha.

"...Eh Teh Aryani, kuring nyebut "hate", sanes kulantaran penggemar Aa Gym, nu 
populer ku lagu "jagalah hati ...". ..hehehehe "

Saur pun lanceuk mah kang, upami salaki boh istri salingkuh teh cenah ciri 
orang anu mutlak teu patut dipercaya. Kumaha bisa dipercaya ku nu lain, batur 
sare wae dikhianatan.

Di mana lebah khianatna? kan ieu mah legal geus dikawin, pake dalil deuih!
1. Ari arek kawin deui teh kan aya proses terbayang2 selalu, merindukan, jrrd. 
Komo geus diniatan jeung diproses mang taun-taun ngarayu si mamah meh ngijinan. 
Hate mulai gandrung ka nu lain (INGAT! Jagalah Hati!!!), otak maen strategi 
jeung siasat jang pendekatan, pengkondisian istri dan anak2, persiapan tim meh 
teu bubar, pembungkaman, jrrd. 

Cilaka deui lamun calon madu kabayang-bayang jeung kaimpi-impi. Fatal deui 
lamun dipake jang fantasi batur sare. Kantos ngadangu Kang Jalal, ceunah mun 
salaki atawa istri ngabayangkeun jalmi sanes keur bersetubuhna kaasup 
khianat....naudzubillah!

2. Kabayang jeung karasa ku abdi, ayeuna geus diduakeun teh si istri pertama 
pasti lah aya ceurambayna ngenes peures perih dina waktu sarena ngarasa 
kaleungitan, sepi. Leuwih parah deui lamun si istri ngarasa yen hate, 
imajinasi, jeung gandrungna leuwih cenderung ka maduna. duh duh duh

Ah ketang ieu mah versi abdi. Ari saur anu ngaku ngajalankeun na mah ieu teh 
dalam rangka kebenaran. Memang benul ini teh pengkhianatan. Tapi pengkhianatan 
anu halal.



Baktos,
Ar



Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  From: "a2z 
idea" <[EMAIL PROTECTED]>
 >>Sumuhan kang. Kieu kang, duka abdi keur rada sensitip duka keur belet 
 >>mikir duka kumaha ieu teh ngan ari nyimpulkeun > cariosan akang di luhur 
 >>abdi kirang sapakat upami agama siga kabeuki.
 > Abdi malah sapakat upami justru anu disebat kabeuki teh namina sanes agama 
 > tapi spiritualitas. Abdi satuju da
 > spiritualitas mah perkara selera atanapi subyektip pisan. Agama mah 
 > panginten nyangkut aspek sosial. Lamun agama siga > kabeuki alias selera. 
 > Abdi teu patut atuh siga sababaraha kamari jojorowokan sual poligami siga 
 > keur perang wae
 > hehehehe
 
 Hahahahaha ........ kieu atuh Teh Aryani. Sabenerna mah tulisan soal 
 "Agama=matematik?" ti kuring teh, keur "nembak"  eta nu satuju poligami, da 
 mani keukeuh pisan kana dalil "1, 2, 3 jeung opat" teh. Manehna ngartikeun 
 ayat teh siga ngartikeun kaidah matematik. Ari matematik mah memang murni 
 logika, kaidahna bisa ditarima dimana-mana, universal. Tapi ari soal 
 polygami mah teu kabeh bisa narima. Malah di sabagean gede dunya ieu, 
 polygami dilarang. Di Amerika bisa dihukum taunan lamun ngalakukeun 
 polygami. Jadi, maksud kuring teh pake hate (perasaan) lain keukeuh 
 sureukeuh nyekel "kaidah/ hukum"  nu katulis. Enya pan Fiqih teh hukum. 
 Hukum dijieun keur kaadilan (hal nu subyektif, deukeut kana perasaan) , tapi 
 hukum kadang-kadang sok ukur keur hukum deui, saklek. Kaadilan, tujuanana, 
 malah ditinggalkeun.
 
 Eh Teh Aryani, kuring nyebut "hate", sanes kulantaran penggemar Aa Gym, nu 
 populer ku lagu "jagalah hati ...". ..hehehehe
 
 Baktos,
 WALUYA
 [Ti baheula teu kantos percaya ka lalaki tukang nyandung] 
 
 
     
             _



                
---------------------------------
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik terhadap spam. 
 http://id.mail.yahoo.com/

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke