> Hukum dijieun keur kaadilan (hal nu subyektif, deukeut kana perasaan) , tapi > hukum kadang-kadang sok ukur keur hukum deui, saklek. Kaadilan, tujuanana, > malah ditinggalkeun.
Teh Aryani, Kang Wly, baraya... Agama rasional? Eta mah ceuk nu ngimpi he he he. Ceuk kuring mah, taya hubunganana antara rasio jeung kapercayaan. Ngaran na ge percaya... moal bisa dirasionalkeun. Ngarah gampil. Sok rasionalkeun/logikakeun. Kunaon hiji jelema BEUKI jengkol, anu sejen na TEU beuki jengkol? Beuki mah kulantaran beuki we. Percaya mah... nya kulantaran percaya we. Titik. Ngan, kulantaran manusa mah mahluk rasional. Aya upaya2 anu ngarasionalekun agama alias kapercayaan tea. Naon we ... didedetkeun jadi justifikasi rasional. Anu ahrina jadi aneh...sabab rasionalitas mah merlukeun BUKTI2. Aya kitu bukti janggelekna Pangeran? Taya bukti sasiki oge... tapi urang percaya (keur nu palercaya tangtu na ge!). Mun kuring NGAN neuturkeun rasionalitas. Sigana mah geus lila TEU percaya yen Pangeran teh EKSIS. Tapi, manusa boga dimensi sejen, dimensi HATE/ Perasaan, anu teuing di mana tempat na dina jasad manusa. Kuring masih PERCAYA ayana Pangeran, kusabab ceuk hate (percaya)... aya dimensi sejen di luar ieu jasad. Euweuh bukti mah, tapi ngarasa tumaninah bisa percaya kana hal gaib siga kieu. Ti mana asalna sikep percaya siga kieu? Duka teh teuing. Ceuk cenah mah... aya oge anu disebut gen reliogisitas. Tapi... masalah kapercayaan mah kusababa didikan jeung lingkngan hirup kitu? Coba we nanya ka sorangan... ngagem hiji agama teh (naon bae oge) kusabab MILIH sorangan, atawa kusabab KABENERAN dilahirkeun di hiji kulawarga anu boga kapercayaan? Kuring yakin... lolobana mah kusabab DILAHIRKEUn di hiji kulawarga anu boga agama. Makana, asa aneh. Mun aya jelema anu ngarasa agama na PANGALUSNA. Sabab, kuring yakin, eta manusa teh TEU kungsi ngabanding2keun agama na jeung agama sejen sacara OBYEKTIF. Kasimpulan. Percaya atawa teu percaya kana agama, pakuat pakait jeung lingkngan hirup kumbuh urang. Mun kuring kabeneran dilahirkeun di Tibet, saha nu nyaho kuring jadi Dalai Lama? Tapi kuring KABENERAN dilahirkeun di kulawarga supir masjid... otomatis kuring jadi Muslim. Pernah milih sorangan jadi muslim? Sing sumpah HENTEU! baktos, Rahman
