--- In [email protected], Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    
>   Keur ngawaragadan Persib dina nyanghareupan Lga Indonesia
XIII/2007 tina Anggaran Pendapalan dan Belanja Daarah (APBD) Kota
Bandung, Pamarentah Kota (Pemkot) Bandung ngancokeun dana 15 miliar rupia.
>    

Geuning kitu lalakon na teh.... Persib diwaragadan ku APBD? Panyana
teh klub profesional siga Ajax, PSV, Feyenoord jrrd di NL anu ngurus
sorangan.

Anu teu kaharti teh, naha make meuli/ngontrak pamaen asing ari lain
klub profesional mah? Kuring teu ngarti logika mengbal di RI. Naon
kauntungan materi na make pamaen asing keur klub? Pan kud make logika
untung rugi lin?

Kawas nu heuheuh perlu we men bal teh. Sigana duit 15 miljar mun
dipake ngawaragadan sakola2 anu bokbrok... leuwih payus!

Eta.... pan APBD teh kudu disatujuan ku DPRD. Naha geuning bet bisa
lolos kitu... 15 miljar keur mengbal? Lieur asana teh....??? :(((

baktos,

Rahman

Kirim email ke