Hartosna jukung ?
Numutkeun kamus mah jukung teh ngaran sabangsa parahu anu make layar.
Maksadna mah maparin gambaran, yen hirup kumbuh teh samodel ngaheuyeuk hiji
parahu layar, tegesna urang sarerea teh lir ibarat aya dina hiji parahu layar.
Patali sareng eta, lajeng aya paribasa nu unina REMPU JUKUNG REUNTAS TALI
LAYAR. Meureun maksudna, Lamun jukungna rempu, lamun tali layarna reuntas,
cik bakal kumaha urang ?.
Rempu teh nambru mun saung tea mah. Henteu ancur mah da ngahiji keneh,
kitulah model hawu anyar nyieun, kakara eumeul-eumeul lajeng dicalikan ku kang
Kumi (samarukna jojodog/didingklik taneuh meureun) atuh puguh we rempu. Ari
reuntas ? Reuntas teh paragat. Naha geuning bet rempu jukung ? Sanes rempug
jukung ?
Waleran perkawis eta mah, sumangga nyanggakeun seratan Kang Wahyu Wibisana
(kengeng nyutat sacerewelena tina Mangle No. 2102 kaca 40)..
REMPU JUKUNG REUNTAS TALI LAYAR
Wahyu Wibisana
Mangle No. 2102
Bangun-bangunna mah Pa Aum teh rada nimbang-nimbang sakur omongan kuring nu
aya patalina jeung poros 3-B : Batavia - Buitenzorg (Bogor) - Bandung tea.
Keun, sukur. Maksud teh supaya manehna boga babandingan pikiran tina perkara
usad-isedna kahanan basa Sunda, alatan robahna jaman.
Aya nu robah pisan dina babasan atawa paribasa, omong kuring.
Enya, someah hade ka somah jadi someah hade ka semah tea ? Pa Aum nyapluk
eupan omongan kuring tadi.
Gancang ku kuring dijawab, Di antarana eta. Upama dina babasanna mimitina
disebut somah, tuluy diganti ku semah. Eureun heula kuring nyarita bari
ngareret ka Pa Aum anu keur kunyam-kunyem bangun neangan piomongeun. Ti dinya
kuring nuluykeun caritaan, kieu, Ayeuna urang biasa mireng atawa ngucapkeun
paribasa rempug jukung sauyunan. Tapi, pek geura baca dina Panjoengsi Basa.
Lain, lain kitu. Dina ieu buku mah disebut rempu jukung reuntas tali layar
.
Pa Aum, sanggeus milu maca eta heg unggut-unggutan tanda ngartieun. Tuluy
manehna nyarita, Enya, asa ku Pa Sunaryat bareto kungsi diterangkeun. Mun teu
poho mah make nerangkeun naon hartina jukung, tuluy nu kumaha nu disebut
reuntas.
Kuring mah, terus terang, poho deui kumaha nerangkeunana Pa Sunaryat guru
sakola rayat kelas genep bareto teh, taun 1946.
Sanggeus kitu kuring dibarengan ku Pa Aum mikiran, naon sababna rempu jukung
diganti jadi rempug jukung, nya kitu deui tuluyna oge beda : reuntas tali layar
jadi sauyunan.
Dua aki-aki tingharuleng, make heg inget deui ka Pa Sunaryat, hayang
nanyakeun deui duduk perkara nu sabenerna. Nya tungtungna mah padungdengan bae
dua aki-aki teh.
Supaya leuwih pondok meureun nya, Ndang, omong Pa Aum bari ngarojokan
liang ceulina ku tungtung curuk Beulah kenca.
Eta pamanggih teh bisa jadi bener, da paribasa nu ditulis dina Panjoengsi
Basa mah panjang teuing. Malah, tah jadi inget ayeuna mah, asana Pa Sunaryat
nerangkeun tuluyna, nepi ka sagemlengna teh unina kieu : rempu jukung reuntas
tali layar, urang kudu sabilulungan.
Emh, Pa Sunaryat, Pa Sunaryat
., Pa Aum teh bet nyambat-nyambat guruna
bareto, baheula. Guru kuring deuih eta teh.
Sanggeus diselang ku sawatara omongan, boh ti manehna boh ti kuring, ahirna
dua aki-aki teh dina poe Senen tanggal 18 Desember 2006, bisa nyieun kacindekan
yen rempug jukung sauyunan teh ayeuna kudu dianggap bener, lantaran hartina
jukung nu ditumpakan rempugan, ku urang babarengan diwelahna.
Jeung paribasa nu beh dieu mah leuwih pondok, lain ? Teu make reuntas tali
layar apanan.
Tapina, pikiran kieu teh tangtu bakal ngajenghok pikeun jenatna Sunaryat mah
.***
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: dupi "jukung" teh hartosna naon,
Kang Dien?
[Non-text portions of this message have been removed]
---------------------------------
8:00? 8:25? 8:40? Find a flick in no time
with theYahoo! Search movie showtime shortcut.
[Non-text portions of this message have been removed]