--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > rempug jukung > ari ceuk elmu meureun kuring mah kieu: nu kungsi kuring manggihan, jukung > borneo jeung madura, parahu kai leutik nu diwelah ku dua jelema, di tukang > jeung di hareup. jadi eta parahu teh laih diwelah ku jelema loba, da > parahuna oge leutik, kuriak titeuleum diwelah ku welasan jelema mah. jukung > borneo jeung madura, salian ti sok dipake alat transportasi sapopoe, oge sok > dipake pikeun nguseup jeung ngajaring lauk di laut. tah lamun rek ngajaring > lauk di laut, eta jaring teh ditarik ku sababaraha jukung BAREMPUG, > babarengan, ngabaris nebarkeun jaring ngurilingan tempat nu dianggap loba > laukna. upama geus cukup waktuna, eta jaring teh diangkat BAREMPUG deui wae, > babarengan narik jaring. tah jigana babasan REMPUG JUKUNG teh diangkat tina > feonomena ieu, gawe babarengan keur ngahontal tujuan nu sarua. (mh) >
Kang MH, Enya sigana mah kitu pisan... anu jelas, asal-usul ieu babasan teh boga unsur GAWE BARENG alias sabilulungan tea. Dina jaman pra histori mah, apanan jukung, parahu, rakit teh mangrupa alat transpor anu utama (naha jauh teuing euy... bet los2 ka pra histori he he he). Tapi anu dimaksud ku kuring teh... di masyarakat tradisional, manusa KUDU gawe bareng, sabab mun sosoraganan mah moal katanagaan. Baheula mah, apanan mun nyieun imah atawa saung ge... pan kudu barempug. Oge mun panen di huma atawa di sawah. Tah, kaayaan budaya fisik masyarakat tradisional mah memang KUDU kitu. Sigana contona ge bisa ditingali deui di masyarakat Baduy jero. Balik ka jaman ayeuna... lebah rempug jukung tea, hese nyirikeunana. Paling henteu sacara fisik. Sabab kaayaan jeung kabutuhan na ge beda. Paingan masyarakat ayeuna mah aing2an nya? baktos, Rahman
