--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Cenah ceuk wartos Media INdonesia Online, lini tektonik jeung > Vulkanik Gunung Ciremai di Kuningan ngalobaan. Wartosna nyanggakeun > ti MIOL. > > NB. > Kunaon pangna diaranan Gunung Ciremai nya? Ciremai pan dibacana siga > bahasa Malayu (Indonesia) Ciremay. Rarasaan mah teu mungkin tadina > arannya Ciremai .... atawa aya dina basa sunda kecap "remay"? > Oge "bukit Tunggul" di Bandung ...naha make aran "bukit"? >
Kang, Basa keur budak, kuring sok resep dahar buah anu disebut buah 'ceremé'. Eta buah teh leutik sagede kaleci, aya nu hejo, koneng jeung beureum. Rasana amis haseum. Bentukna siga balingbing, anu loba kangkotan, najan teu seukeut ge. Maksud teh ari balingbing mah apan mancrit, tah ceremé mah buleud. Sigana mah ieu ngaran gunung teh dipakuat pakaitkeun jeung ngaran ieu buah? Dina basa Sunda mah kudu na teh gunung Ceremé, lain Ciremai! Teuing ketah, ieu mah sakadar teori. Bukti2 na kudu diteangan heula. Ngan ari keur kuring mah mah ti leutik keneh, mun ngadenge kecap gn Ceremé teh, pasti nyambung jeung buah Ceremé. Ari buah ceremé aya keneh kitu? baktos, Rahman
