--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ngurek Kang? wah belutna ayeuna mah laleutik, teu jiga baheula. 

Kang W, Kang D,

Kuring ge aya lah pangalaman ngurek jeung ngobor mah. Teu jauh ti
imah, kira2 3/4 km aya (keneh) pasawahan. Baheula keur leutik sok
rajeun diajakan babaturan ngurek, malah mah asa apal keneh mun nyieun
urek ge. Make kenur (benang nylon), terus dirara. Ari eupan nu sok
dipake ngurek mah bungkreung atawa bancet. Ketah ngan saukur resep...
da beubeunangan mah tara he he he. Resep abring2an wungkul.

Tah, lebah ngobor mah. Kuring jeung babaturan sok make patromax oge,
lain obor. Ngabring sabatalyon he he he. Mun aya hui... sok dibawa oge
he he he. Lieur keur budak mah.

Sakali mangsa mah anu ngobor teh nepi ka meunang hayam sagala! Gelo..
euy. Terus dibeuleum... Sagala aya, meuleum lauk, belut, lele jeung
hayam! ;))

Ari sanguna mah sok ngaliwet.

Ari di NL kudu ngoboran jeung ngurekan naon nya? ;))

baktos,

Rahman

Kirim email ke