Wa'alaikumsalaam....

Nyanggakeun, Kang Dur. Ti Wikipedia edisi Sunda

---------------------
Naskah (basa Latin manuscript: manu scriptus ditulis tangan), sacara
husus, nyaéta sadaya dokumén tinulis nu ditulis leungeun (atawa
diukir), dibédakeun ti dokumén citakan atawa salinanana ku cara lain.
Kecap 'naskah' asalna tina basa Arab nuskhatum nu hartina lambaran
kertas.

Naskah dina sajarah

Saméméh aya percitakan, sakabéh dokumén tinulis kudu dijieun jeung
dilobaan ku cara ditulis leungeun. Biasana, naskah dijieun dina bentuk
gulungan, buku, jeung untuyan naskah nu "ditulis" dina lontar/nipah,
daluang (kertas tradisional nu seratna kasar), jeung kertas.

Di Asia Tenggara, dina milénium kahiji, dokumén penting dijieun dina
lambaran tambaga nu dilemesan ku diduruk, asrta diukir ku tatah logam.
Di Filipina, misalna, dina abad ka-9, dokumén teu diukir ku tatah,
tapi sarua jeung panyitak dot-matriks kiwari. Dokumén kawas kieu
jarang kapanggih, dibanding jeung naskah-naskah nu dijieun dina daun
atawa awi. Ngan, iklim tropis nu lembab ngabalukarkeun naskah-naskah
tina bahan organik gampang pisan ruksak. Di Nusantara, naskah-naskah
nu dijieun dina daun lontar/nipah jeung daluang loba dipaké. Sakumaha
kiwari, naskah dina daluang ditulis migunakeun kalam/koas, sedengkeun
dina dangdaunan, tulisanana diukir migunakeun péso leutik nu disebut
péso pangot.

Di Kulon, nalika jaman klasik nepi ka abad-abad awal mangsa Kristen,
naskah-naskah ditulis tanpa spasi antarkecap (scriptio continua),
sahingga pikeun nu teu biasa mah susah pisan. Salinan naskah-naskah
éta biasana ditulis dina aksara Yunani jeung basa Latin nu asalna ti
abad ka-4 nepi ka abad ka-8, digolongkeun dumasar dipaké/henteuna
aksara kapital atawa aksara leutik.

Naskah kiwari

Numutkeun Library and Information Science, naskah téh nyaéta sadaya
barang tulisan leungeun nu aya dina koléksi pabukon atawa arsif;
misalna, surat-surat atawa buku poéan pribadi hiji jalma nu aya na
koléksi hiji pabukon.

Dina jihat séjén, istilah "naskah" teu ukur dipaké pikeun sagala rupa
nu dituis leungeun. Dina pawedalan buku, kalawarta, jeung musik,
naskah hartina salinan asli karya nu ditulis ku hiji pangarang atawa
komponis. Dina dunya perfilman jeung téater, naskah hartina téks
pamaén drama, nu dipaké ku pausahaan téater atawa kru film nalika
dijieunna hiji paminton atau film.

Tempo ogé

    * Scriptorium
    * Daptar naskah
    * Daptar naskah Sunda
    * Daptar naskah Nusantara


Retrieved from "http://su.wikipedia.org/wiki/Naskah";

Kategori: Naskah

On Apr 12, 2005 5:40 AM, durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Assalamu'alaikum,
> 
> Baraya ari manuskrip teh hartina naon? Naha etateh istilah kanggo karya
> tulis nu ditulis ku panangan? Nuhunkeun pencerahan ti baraya sadaya. Sakitu
> wae ti simkuring. Hatur nuhun kana walerananan.


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke