Baraya,
 
Ceuk elmu2 kabumian (geologi, geofisika, tektonika, jst), unggal poe oge lempeng-lempeng anu aktif mah gerak, ngan gerakna kemboy kacida. Ceuk itungan para ahli, gerak lempeng teh ukur antara 1 - 10 CENTIMETER/TAUN (ngahaja dibadagkeun, per tahun eta teh, lain cm tiap poe), rata-ratana mah 3-4 CM/TAUN. Pikeun lempeng Australia anu nembrag lempeng benua (handapeun P. Jawa),  "kecepatan" -na teh nyaeta antara 4 - 9 cm/taun.
 
Lembon kacida, jeung ieu "kecepatan" teh teu sarua, lain wae antara lempeng, dina jero hiji lempeng oge kadang-kadang leuwuh cepet, kadang-kadang ngurangan. Anapon anu ngabalukarkeun lini eta kajadian ambrukna sabagian tina lempeng kusabab akumulasi tanaga salila gerak lempeng. Cindekna, aya kateusaimbangan dina lempeng anu daek teu daek kahontalna kasatimbangan teh ku cara ambruk anu ngabalukarkeun lini. Iraha jeung kumaha gedena eta ambruk (hartina gedena lini)? justru eta anu nepi ka ayeuna masih jadi rahasia Anu Maha Kawasa.
 
Jadi...naha poe ieu aya lini di Indonesia (Yogyakarta atawa tempat-tempat sejenna?), wallohu a'lam, anging Alloh anu uninga. Ngan, ulah ngareureuwas masyarakat lah kahayang mah, da masalah teh teu basajan. Anu dipikamelang teh loba korban akibat reuwas atawa "panik" tea. Kedah diemutkeun, dina kaayaan mekarna bahaya alam jadi bancangpakewuh (bencana), salah sahiji sumber bencana teh taya lian ti : kaget atawa panik tea.
 
Sakitu wae, pamugi aya manfaatna.
 
Baktos,
manAR 
 
  

 
On 6/6/06, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
haturan wanTit
 
hoax cenah wa. di detik kamari jeung ayeuna aya bantahanna salah sahijina mangga ilo di: http://www.detiknews.com/indexfr.php?url="">
 
dh
baraya rerencangan sakantor si kuring kenging SMS ti rerencangan nana anu
eusina matak pikasieuneun urang sarerea :
cenah ceuk warta ti CNN 3 poe nu kaliwat lempengan bumi ti ustrali ngageser
terus nuju ka Asia, cenahmah bakal tubrukan jeung lempeng bumi di selatan
pulau jawa anu bakal ngakibatkeun lini un leuwih gede jeung ayana sunami,
kajadianana nya eta 11 poe satutasna lini di yogya nyatana meureun poe rebo
isukan ????
cing suga aya baraya anu terang....???

--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke