Assalaamu'alaikum wr.wb
 
Baraya KUSNET sadayana,
Sanes leuir ieu mah mung ......... aeh waktos minggu dina SCTV aya Ua Sas, abdi ge nonton, wilujeng nya Ua, mugia nambih sumanget ka urang sunda nu sanes pikeun langkung mikacinta buku-buku Sunda.
 
Senen ping 5-9 Juni sim kuring ngiring pelatihan Tim Pengembang Modul wilayah Sumatera Utara+ Aceh program DBE (Desentralized Basic Education) -2 atas kerjasama sareng USAID. Jadwal Pelatihan padat ti enjing dugi ka sonten. Program ieu dina raraga ningkatkeun pangajaran di Pendidikan Dasar. Piloting munggaran di sabudeureun nusantara dibagi di tilu wilayah: Sumut+Aceh, Jabar+Banten, sareng Sul-Sel. Pelatihan di Makassar tos tipayun. Enjing ngawitan tgl 12-16 Juni giliran pelatihan kanggo urang Jabar+Banten, di Bandung. Wilujeng ka baraya nu kaleresan ngiring pelatihan. Wilujeng pendak jeung Om David, Pak Maskur, Ibu Jane mah geus wangsul manten ka Amerika ngahadiran nikah rayina cenah.
 
Aya ku kataji, salami di Medan Jane dua kali nganggo kabaya, sakali mah nganggo kabaya hideung+batik corak bodas-hideungna, sakali deui mah nganggo kabaya bodas+batik corak biruna. Ningal urang bule nganggo kabaya aya ku lucu. Tah ku kituna sim kuring ge ngajak ka urang sunda pami aya acara seminar jsb sae pisan geura pami ngaranggo kabaya + batik nya........ pan langkung nyurup, komo bari nembongkeun pribadi sundana mah,........... satuju para mitra ?
 
Jumat kamari dinten pamungkas pelatihan, sim kuring ngadadak atoh, eta pedah dina meja resepsi aya SOTO BANDUNG. Asyiiiiikkkk keluar juga makananku. Tapi kuahna aya minyakan di dieu mah, rupina tos dimodifikasi dicocokkeun sareng selera urang sumatera nu resep lada tur berminyak. Ari bukurna mah persis aya daging sapi, kuahna karaos oge jahena, lobak, eh ditambihan soun geuning di dieu mah. Janten weh ka rerencangan ku sim kuring disebat ini mah Soto Bandung Modifikasi, karena aslinya kuahnya bening tak berminyak. Gado-gado mah persis, es campur ...... tah disariuk ditareang mana cenah tapenya. "Nanti yah kalau ke Bandung ku kasih tape sebanyak-banyaknya .......hahaha"
 
Keur mah keur emut deuih ka Bandung eehhh ba'da pelatihan disampakeun pancen nyerat modul Sains kanggo guru SD. Padahal tos niat liburan panjang Juli ieu bade ka Wado neang pasaka jeung nambihan koleksi buku-bukuna. Tapi syukur da sok aya wae laporan ti guru nu sadidinten ngokolakeun buku-bukuna.
Wasalam,
Cag,
Ely

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke