hahahahahaha....  Huhuhuhuhu....
hihihihihi....
(uing jeung jikan seuri duaan...)
Syukur beres banjir masih keneh bisa seuri....

 
Om TEDDY
Satria Ganteng
Penegak Keadilan



----- Original Message ----
From: ndoell <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Saturday, February 17, 2007 11:40:30 AM
Subject: [Urang Sunda] Aki

"Aki uing paeh Jay.."
"Innalillahi ... iraha Dul ?"
"Tadi peuting.."
"Tuluy kumaha ?
"Ah teu kukumaha, geus paeh mah nya paeh we.."
"Ih ari maneh, ka Aki teh meni tega kitu..."
"Heu-euh, ari kitu kudu kumaha atuh uingna ?"
"Nya atuh kumaha we ngarana ge ka Aki.."
"Lain nanaon Jay, uing teh keur boke"
"Nya atuh usahakeun we kumaha carana"
"Diusahakeun ieu ge, unjam-injeum ka batur"
"Meunang ?"
"Puguh henteu.."
"Tuluy kumaha atuh ?"
"Pan ceuk uing ge tadi, teu kukumaha.."
"Tuluy anu ngurusanan Aki maneh teh saha ?"
"Can diurusanan puguh ge..."
"Naha ?"
"Apan geus ngomong bieu, teu boga duit !"
"Tuluy dikumahakeun atuh Aki teh ?"
"Nya digolerkeun we.."
"Euleuh..ni tega kitu maneh mah. 
Atuh pakumaha ka saha..ka RT ka tatangga.."
"Ah antep we..maenya nu kitu wae kudu lapor ka RT sagala.."
"Ih ari maneh ? ni kitu-kitu teuing ?"
"Puguh maneh nu kitu-kitu teuing ...naha bet pusing ?"
"Nya puguh we milu mangmusingkeun. ."
"Mun kitu mah, kadieu atuh injeumkeun duit.."
"Puguh uing ge keur boke "
"Keur sarua boke mah nya geus we atuh cicing"
"Lain, tuluy kumaha Aki maneh teh atuh ?"
"Apan ceuk uing ge, teu kukumaha ! Na ari maneh ?"
"Lain..atuh diurusanan.. ."
"Heueuh engke, mun boga duit ke rek meuli.."
"meuli naon ?"
"Meuli Aki anyar atuh.."
"Haaaaaar ....!"
"Naon ? puguh nu paeh teh Aki motor uing !"
"Euh...sugan teh.."

-dul-





 
____________________________________________________________________________________
Do you Yahoo!?
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.
http://new.mail.yahoo.com

Kirim email ke