Ngahiji kanggo naon kang? ari seler mah, sanajan teu kaiket ku
beungkeutan formal, boga getih gaib (nambut istilah kang Ganjar
Kurnia) nu ngahijikeun, atawa masing2 sirah baroga mitos atawa
kasadaran kolektif di alam bawah sadar nu sarua. sanajan US teu sakuat
Yahudi, tapi masing2 asana mah baroga getih gaib eta.

soal adat suradat sabenerna kumaha cara urangna ngigelkeunana, meureun
ketang. maksudna, mun ngagugulung kanyataan yen adat urang loba nu
goreng, nya da eta mah soal watek -nu sigana geus kitu da dicipta ku
alam tempat hirup. maksud si kuring, ku sagala rupana nu dipiboga ku
urang, adat hade adat goreng, nu oge dipiboga ku seler sejen, urang
kudu bisa maju. tinggal tarekahna nu proporsional.

Paguyuban Pasundan, teu sadaya US jadi anggotana. sanajan nu di luar
baroga kahayang yen PP baris bisa jadi panghareupna enggoning
merjoangkeun nasib US. tapi da sanajan sigana kitu visi misina, teu
pati karasa. nu jentre mah, PP boga sakola SD, SMP, SMA jeung
universitas pasundan. rumah sakit henteu atawa acan. eleh keneh ku
Muhammadiyah nu make dasar agama.

ngahijina urang saayeuna, sabab aya pamarentahan nu ngawengku
geografis jawa barat jeung provinsi banten, sanajan rada patali jeung
seler, tapi lain soal kakuasaan atawa ngahijina hiji seler.sanajan
milu oge nangtukeun saha gubernurna.

ayeuna Indonesia ngahiji. naha kabeh makmur sejahtera?  nu kawasa nu
makmur sejahtera mah. kaasup seler atawa etnik nu boga mental (nambut
pamendak Jakob sumardjo) penakluk, conquerer siga seler jawa. US teu
boga adat eta. etnis2 sejen, sanajan lemburna beunghar ku sumber daya
alam-siga aceh jeung papua- teu pati milu beunghar.

geus ditulis di novel Epigram. dina konteks nasional, mun ngahiji teu
maju wae, naha bet keukeuh kudu ngahiji? dahar teu dahar kumpul, tea
meureun. antukna ngadahar dulur. heuheu.


> Tapi, teuing, siga nu katoong tina komentar kuring: Kuring euceub
> pisan kana budaya huma eta teh. Sanajan enya aya positifna, tapi
> keur kapentingan pragmatis loba ngadoreksakeunnana. Urang teu
> bisa "ngahiji" alatan miboga budaya eta. Lain bae paaing-aing atawa
> autis. Tapi, oge wangkreng jeung bedegong. Contona? Sigana teu kudu
> disebutkeun deui. Loba pisan.
>

-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Kirim email ke