Nah ini dia tes untuk dapat  TOSFL (Test of Sundanese as Foreign 
Language)...Kalo mau lulus harus diatas 550... hehehe..

Angkot
Abdi Kenging iyeu carita ti Rerencangan, pangintun ti rerencangannana 
rerencangan.  Mangga wae raosan:
Teu di Bandung teu di Tasik, teu di Garut boa ketang di Batam mah 
beda.... eta kalakuan kenek angkot dimana wae lamun jojorowokan
nawarkeun jurusan angkotna atawa nanyakeun nu erek turun atawa eureun 
ka panumpang sakapeungmah matak piambeukeun, pikabingungeun anu kakara
tapi lamun geus apal mah sok hayang seuri, geura reungeukeun :

"Aceh......Merdeka......Aceh.......Merdeka......!!" jojorowokan 
sataker kebek najan hareupeun tangtara atawa pulisi oge moal nepi ka 
di tewek da di Bandung mah geus arapaleun lamun  kenek eta nawarkeun
angkot jurusan Cicaheum Kebon kalapa ngan rutena ngaliwatan jalan
merdeka jeung jalan aceh 

"Binatang.....ada turun.....? ibu......bapa.....binatang......!" tong 
waka ambek disebut kitu teh, si kenek nanyakeun bisi aya nu turun di
kebon binatang di jalan taman sari anu kaliwatan ku angkot 

Eta di Tasik mah kieu jorowok na teh "sila.......sila.....hiji
deui...!!" lamun seug ninggang ka jalma nu anyar ulin ka Tasik mah
bakal ho'okeun ngadeng jorowok kenek anu ngagantung na lawang panto, 
rek teu kitu kumaha atuh....sakitu katingali metetna bet anu dijero
oge diaradu tu'ur ari jojorowokan sila......sila...hiji deui.......?
padahal manehna teh nawarkeun jurusan ka pancasila

Ari di Garut mah karunya ka anu ngarana DANA, kade nya bisi aya baraya 
anu ngarana dana tong waka ambek jeung kasigeung lamun ngadenge
jorowok kenek angkot "DANA EGANG....DANA  EGANG.........." eta teh 
lain moyokan dana pedah leumpangna egang tapi  nawarkeun angkot
jurusan Sukadana-Sukaregang 

Naek angkot di  Bandung  deui: Jorowok kenek
ngajorowok.....Supratman... jrut turun panumpang lalaki tengah tuwuh.. 
Jorowok deui....Raja mantri....jrut Mang Jamal turun...
Rengganis.....jrut Neng Nia turun Teuku Umar....jrut deui lalaki 
turun...  Na ari celengkeung teh....urang batak ngajorowok... "aku
Rajagukguk tak dipanggil-panggil jadi bila awak turun bah! "

Basa Inggris
Bu Lia teh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah. 
Barudak awewe mah biasana balageur, beda jeung barudak lalaki nu
borokokok. Unggal bade rengse palajaran, anjeuna sok ngetest murid 
muridna.

Poe kahiji:  Ayeuna ibu rek ngetest maraneh ihwal irregular verb, anu 
bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia.
"Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", si 
ibu teh ngancem.

"Fitha, sok sebutkeun contohna irregular verb !", ibu guru Lia naros. 
"Bring - brought - brought, hartosna nyandak"  "Alus....

Cikan Yogi ! Tong heureuy bae !", si Yogi katelah tukang heureuy. 
"Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR".  "Nangtung 
dihareup !

Dadan !  "Brang - breng - brong, hartosna emak ngambek di dapur alatan
teu gaduh beas"  "Nangtung dihareup! 
Dikdik !  "Begang - begeng - begung, hartosna siga awak Datuk
Maringgih " "Nangtung dihareup!
Yusuf !  "Dar - der - dor, hartosna perang di Irak jeung Palestina".
"Nangtung dihareup!
Mahmud ! "Pak - pik - pek, hartosna abdi beberes di bumi ". "Bohong 
maneh mah tara beberes .Nangtung dihareup!
Endang ! "Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang ".
"Nangtung dihareup!
Nandang ! "Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan. "Nangtung 
dihareup!
Naddy!  "Plak - plek - plok, hartosna bararahe". "Masingna ase rehe
atuh! Nangtung dihareup!
Epul !  "Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur ". "Nangtung
dihareup! Kabeh baralegug! 
Doddy ! " > Si Doddy teh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod
sieuneun ditanya. Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia. Bakating ku
geumpeur, ari seduuut .... teh hitut  "Brat - bret - brot nyah!?, saur 
ibu Lia mayunan :  " Kaluar kabeh! ", ibu Lia bendu. 


    
----------------------------------------------------
EMAIL DISCLAIMER
    
This email and any files transmitted with it is 
confidential and intended solely for the use of
the individual or entity to whom it is addressed.
Any personal views or opinions stated are solely 
those of the author and do not necessarily 
represent those of the company.
   
If you have received this email in error 
please notify the sender immediately. 
Please also delete this message and 
attachments if any from your computer.

Kirim email ke