Haturan Kang Agus,

Di NL oge ayeuna teh tos lebet ka usum panas, mung ari
di dieu mah sok teu pararuguh. Ketah, tos tilu dinten
rada bayeungyang oge. Mung ceuk prakiraan cuaca mah
niisan deui cenah. Nembe ge kukurilingan sasapedahan
jeung barudak, asa kedah di jajaket deui. Da eta angin
na mani nyelecep tiis geuning.

Tapi Kang panas na JKT teh asa benten geuning jeung
panas NL. Nembe ngalongok lembur sababaraha minggu
kalangkung, kaleresan diangkri ku rerencangan di JKT.
Beu mani asa elehkesekeng puguh, panas na mani
ngelekeb. Duka asa beda karasa na. Kunaon nya? Kumargi
di JKT mah langkung 'lembab' (naon Sunda na?) kitu?


Baktos,

Rahman, Wassenaar/NL


                
____________________________________________________ 
Yahoo! Sports 
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football 
http://football.fantasysports.yahoo.com


Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke