Kang MH,
Cutat: ..."geura lawan eta kahariwang nyarita basa
sunda teh, ku jurus "fear factor", kucara PEK GEURA
NYARITA MAKE BASA SUNDA NU URANG BISA. tong
haringhang, tong hariwang. pake basa sunda naon wae,
rek make basa sunda cirebon, make basa sunda banten,
make basa sunda bogor, garut, bandung jeung
sajabana..."
Satuju Kang, tapi sigana mah kudu aya upaya formal ku
jalan politik basa. Ceuk kuring mah geus waktuna lamun
basa lulugu anu ayeuna diredefinisi deui. Basa lulugu
anu ayeuna loba teuing nyarande kana basa wewengkon
Priangan, kusabab kitu basa wewengkon anu sejenna asa
kasered.
Meureun engke mah moal aya deui urang Sunda anu sieun
ngomong Sunda kusabab 'basa na kasar'. Moal aya anu
salah kaprah siga; 'kuring hayang diajar basa Sunda
anu lemes'!
Baktos,
Rahman, Wassenaar/NL
____________________________________________________
Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football
http://football.fantasysports.yahoo.com
Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/