Kang Oman ndh,
Hatur nuhun parantos ngaguar koreksi ngeunaan ngaran anu sakedahna diangge
ku aksara Sunda teh. Katampi yen aksara Sunda langkung payus dinamian aksara
Pakuan, sanes Ngalagena. Kikituna kapayunna urang lereskeun.
Sakantenan oge bade nambihan yen anu parantos didamel teh sanes "software",
nanging mung saukur file ttf anu nyayogikeun data bentuk aksara Sunda
(font). File ieu tiasa dianggo dina rupi-rupi software kanggo ngolah
dokumen, samodel Ms Word atanapi Openoffice.
Baktos,
-Dian-
On 24/06/05, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya, bil khusus ka Kang Dian anu parantos ngabalada midamel Program
> Computer (C) Aksara Sunda,
> Aya talatah ti Abah Surya, waktu si kuring ngalaporkeun kamajuan warga
> milist, khususna Kang Dian anu parantos ngabaladah midamel software Aksara
>
> Sunda. Talatah teh perkara ngaran ieu Aksara Sunda, lamun tea mah arek
> dingaranan sejen salian ti ngaran "Aksara Sunda".
> Samemehna, Abah Surya teu kinten nganuhunkeunana sareng ngarojong ka Kang
> Dian oge ka urang sadaya sangkan neruskeun ieu garapan anu kacida ageung
> ajenna. Anjeunna oge sayogi pikeun nyalabarkeunana upama ieu software
> parantos rengse.
> Ngeunaan ngaran, saur Abah Surya, upama ieu aksara Sunda seja dingaranan,
> saena sanes dingaranan ku "Ngalagena", namung ku ngaran anu sanes anu
> langkung nyoko kana sajarah diciptakeunana ieu susunan Aksara Sunda. Aya 2
>
> pilihan ngaran anu dipidangkeun ku Abah, nu kahiji: Aksara "Kaganga"; anu
> kadua: "Aksara Ratu Pakuan". Kalawan pedaran nyoko kana sajarah, rasa
> jeung
> aweuhan budaya, Abah ngusulkeun ngaran anu merenah pikeun Aksara Sunda
> nyaeta : Aksara Pakuan. Pikeun kajelasanana, hayu urang pariosan-sakumaha
> anu didugikeun ku Abah, sugan tepi ngaguarna deui- silsilah rupa-rupa
> ngaran
> aksara anu kasebut di luhur, kaasup ngaran Aksara Sunda Ngalagena.
[Non-text portions of this message have been removed]
Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/