Kang Stw, Kang Asep, Nuhun dongen judi di China na. Tah model anu kitu sigana mah anu ku kuring ceuk kuring perlu diterapkeun di IND teh. Masalah na pamohalan ngabendung mah, kudu dikamalirkeun anu kieu mah. Wah, meureun rahayat oge bisa cengkat lamun dana anu gede tina ieu pos dipake ngabangun nagara. Piraku kudu nginjeum jeung nginjeum deui bae! Era atuh...
Bener Kang, kuring mah saaliran jeung Kang Ali Sadikin dina ieu hal mah. Anu kudu jadi tujuan nagara mah apan "ngama'murkeun rahayat" lin? Piraku ku cara nginjeunan duit ti luar nagreg wae? Kang Stw, kabeh nagara Wetan rada ngadegdeg ayeuna teh ku China mah. Maca artikel kamari dina hiji majalah ekonomi, cenah mah dipikahareupeun pausahaan2 China bakal ngaborongan pausahaan2 gede di Wetan. Sabab duit cash urang China tiap taun numpuk. Mengpar saeutik, poe ieu mobil buatan China anu munggaran geus asup ka NL. Barang na alus jeung kacida murah na.....!!! Jelema ngantri rek meuli... Kang Asep, ceuk kuring mah nagara mah teu kudu pipilueun nguruskeun 'haram' henteu 'haram'. Tugas nagara anu pangpentingna mah ngabayuan rahayat sangkan raharja. Anu eta mah urusan kapercayaan/agama/religi rahayat sewang2an. Apan lamun nginjeuman duit ti luar nagri oge tara ieuh tatanya asal-usul na? Boa2 kabeh oge ladang kasino. Hutang geus salaput hulu ge... teu ieuh make ribut. Baktos, Rahman, Wassenaar/NL __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
