Baraya Kang Kumi, Kang Manar,

Aari ceuk kuring mah anu perlu diperhatikeun ku
pamarentah teh nyaeta UKM. Pek modalan, tuyun sina
gede. Lamun ieu usaha2 leutik maju apan otomatis bisa
nyiptakeun lapangan pagawean. Lamun jelema boga gawe,
tangtu boga duit, lamun bogaeun duit, bisa meuli
dahareun. Kitu sanes? Teu perlu merhatikeun hiji
sektor wungkul, kabeh kudu dilibetkeun.

Kieu Kang, rek ngadongeng deui. Ieu ideu teh rek
ngarayap dileukeunan ku kuring. Basa kamari  2 bulan
katukang ka lembur, kuring teh geus nyieun hiji
yayasan. Ari tujuan utamana mah hayang milu ngabasmi
'kamiskinan'. Salah sahiji jalan anu ku kuring
didodoho mah, nyaeta nyiptakeun pagawean ku jalan
nungtun jeung nuyun UKM, utamana mah K. Misalna mah,
tukang2 karajinan anyam (tradisional)jlte. Rek dibantu
kujalan pamodalan, training, manajemen, marketing
jrrd.

Ieu yayasan teh can prak. Sigana mah engke dina usum
tiis kuring rek upuy-apay neangan dana sabisa2 di NL,
sangkan ieu tujuan bisa laksana. Du'akeun wae ku
sarerea, mudah2an sagala urusanana bisa lancar. Lamun
aya ideu2 anu alus, sok ditembakkeun bae...


Baktos,

Rahman, Wassenaar/NL


        
                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - You care about security. So do we. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke