Ngiringan ah..... pribados Kang Andi Tea anu ti bogor 
nun.............sapagodos  sim kuring kana pamadegan  ki 
adi, margi ari BS teh salah sawios basa anu ngagaduhan 
undak undukna basa upami di sajajarkeun sami sareng basa 
Arab sareng cina saurna ...teh margi kieu gera para wargi 
 :

Bahasa indonesia  :  Bapak sedang makan, anaknya sedang 
makan dan anjingnya sedang makan .......cindekna teu aya 
anu ngabentenkeun pan....cobi galih..ieu...

BS :  Bapak nuju neda, putrana nuju emam sareng anjingna 
nuju nyatuan.........cindekna  aya pangbenten pan, sami 
basa jawa oge ..kitu manawi.

Sok pilarian conto anu sanesna, kumargi kitu aya 
sababaraha paguron di jawa barat saupami ngajar santrina 
nganggo basa pangdeudeul  basa sunda atanapi basa 
jawa.............sakitu heula we ah nimbrungna ...baktos 
...kang andi




On Mon, 18 Jul 2005 23:41:44 -0700 (PDT)
  Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya di mayapada, wilujeng wayah kieu...
> 
> Kang Saryo,
> 
> Ari ceuk kuring mah, BS teh kudu sina dipake deui ku
> balarea. Lain ngan saukur jadi pelajaran wajib. Piraku
> basa indung sorangan ngan saukur dijadikeun bahan ajar
> wungkul? Idealna mah BI anu jadi bahan ajar wajib,
> sabab eta teh basa nasional tea. Ti SMP ka luhur, prak
> we make BI. Anu jadi alesan kuring mah kieu: perlu
> pisan nyieun pondasi anu kuat dina sistem ajar. Lamun
> make basa indung mah apan barudak ge ngartina 100%
> geura. Lamun pondasina labil, engke kaluhurna bakal
> ripuh. Ieu teh lain keur BS wungkul, keur kabeh basa
> di dunya sigana mah.
> 
> Lamun BS jadi basa panganteur, input na bakal
> ngabeungharkeun BS. Bakal loba bahan ajar dina BS. Aya
> tapak na Kang, baheula mah kuring di sakola teh kungsi
> nepi ka kelas 3 SD make panganteur dina BS.
> 
> 
> 
> 
> Baktos,
> 
> Rahman, Wassenaar/NL
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection 
>around 
> http://mail.yahoo.com 
> 
> 
> Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 

========================================================================================
Dapatkan kemudahan layanan Mobile Email dari VENTUS untuk Personal, VENTUS 
Easy. 

Klik http://easy.ventusmobile.com
========================================================================================
 


Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke