Asep Oeking <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Date: Sat, 05 Nov 2005 03:52:05 -0000
From: "Asep Oeking" <[EMAIL PROTECTED]>
To: Rahman <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Ngejat ka Belah kaler saeutik...deukeut Orlando
Baraya,...jeung si oeking deui lah..
Kang kuncen, nyaeta kang bet ku edas kuring teh di ajak kudunungan
kudu muka di lokasi anyar deukeut orlando nyaeta Lakeland,meunang
kana tilu bulan satengah, imah/ apt.disiapkeun, duit mucekil, tapi
edas di kampung pikasieuneun jeung pangpangna teu bisa muka
jaringan, da apt.anu dicicingan teh kondisina rek di jual...,nya
antukna plengles.
Dina mangsa gawe geus ninggang rengse, Hurricane alias angin topan
datang pisan nyapu kota Naples, Beuuuu!!!! aya ku edas,listrik
pareum kana opat poean, euweuh listrik, asa di indo jaman buaheula
marake lilin jeung lampu batre, heu...heu...
Kumaha kaayaan Naples? nya kitu bae kang awut2an, tangkal rungkad,
lampu2 setopan teu jaralan, ah jiga kota hantu bae, ngan mendingan
dibanding New Orlean mah,teu loba korban.
Kulawarga? Alhamdulillah kulwargamah aya dina kayaan sehat
walafiat,di didieu oge urang indomah sok ngarumpul di kuncenan ku
Pak Haji,pas sholat Iedul Fitri nya di masjidteh dikoroyok ku urang
indo lolobanamah.
Dasar ontohod, keur sial, pamajikan salah masang alarm nu kuduna am
jadi Pm, nya sare teh labas nepi ka jam 07;30, barang korejat hudang
beu!!!!! cilaka kabeurangan, gura-giru nelephon babaturan, cenahmah
kaburu keneh da sholatna di mimitian jam 08:00, kuring gura giru
mandi, prung mobil mangprung 80 Mile perHour, barang jol teh geus
asalamualaikum bari ngaralieuk, beu jadol teh!!!! geus telat
iteung!!!!, tapi teu nyerah, nya ngiluan silaturahmi bae jeung
dulur2,sanajan teu sholat oge, anu penting geus niat heu..heu..,
bari ngurut dada ngupahan maneh.
tungtung Naples
Oeking
---------------------------------
Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help Sudanese refugees rebuild their lives through GlobalGiving.
http://us.click.yahoo.com/V8WM1C/EbOLAA/E2hLAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/