Dear Baraya Sunda,

Bila benar seperti apa yang disebutkan KG, bahwa cara pandang
Ontologis didasarkan pada prinsip2 feminis, munkinkan itu yang menjadi
sebab orang sunda cenderung menahan diri dalam segala hal? cenderung
pema'af dan punya ke'arifan untuk menjadi penampung berbagai etnis di
wilayahnya?
Sayang Tulisanya belum tuntas....tapi pansti panjang ya?

SV...(ma'af pake basa Sunda, krn bukan org Sunda hanya mengerti tapi
tidak bisa kalau nulis dg bahasa Sunda)

--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "kang_gibson" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Pandangan Ontologi Sunda
> 
> Seni tradisi Sunda, sacara antropologis, mangrupa wujud teaterikal
> (dramatisasi) tina falsafah ontologi masyarakat Sunda (dina
> Antropologi=cosmologi). Nyaeta falsafah anu ngaguar teur netelakeun
> ngeunaan realitas (dunya), anu jadi ugeran jeung dasar pikeun
> ngarumuskeun falsafah lianna. Boh falsafah ngeunaan manusa, etika,
> elmu jrrd. Dina kontek anu tangtu, seni tradisi Sunda ngarupakeun hiji
> "ritus" anu ngahubungkeun manusa Sunda jeung sajarah masyarakat
> primordialna ("karuhun") anu sakral. Kusabab kitu, sakralitas Seni
> Tradisi Sunda gumantung kana apresiasi (ngajenan atawa hanteuna)
> masyarakat Sunda kiwari kana sajarah buhunna, lain kana objek
> apresiasina atawa seni na. Kusabab kitu, pikeun neuleuman Seni Tradisi
> kudu di dasarkeun kana apresiasi urang salaku wangsa Sunda kana
> sajarah buhunna. Matak teu aneh lamun nonoman Sunda kiwari hese beleke
> pikeun ngahargaan kana Seni Sunda Tradisi kusabab, ceuk cenah, nonoman
> ayeuna mah geus teu malire kana sajarah karuhunna.
> 
> Kusabab seni tradisi Sunda teh mangrupa wujud teaterikal tina falsafah
> ontologi masyarakat Sunda, teu mungkin ngandung nilai anu papalimpang
> (pasalingsingan) jeung pandangan ontologina. Pandangan ontologi Sunda
> anu kagambarkeun dina mitologi Sunda anu negeskeun posisi Sunan Ambu,
> Dewi Sri (tokoh-tokoh di Kahyangan), Purbasari, Dewi Asri, Dayang
> Sumbi jeng anu lianna (tokoh di marcapada), salaku sosok "ideal".
> Hadirna tokkoh Sangkuriang, Mundinglaya di Kusumah (tokoh di
> marcapada), jeung Lutung Kasarung atawa Guru Minda  (tokoh kahyangan
> anu turun ka Marcapada) mangrupa tokoh anu negeskeun eksistensi sosok
> idealna.
> 
> Hubungan antara Kahyangan jeung Marcapada dina mitologi Sunda
> salawasna digambarkeun ku hadirna tokoh "Ibu" anu luluguna atau
> pancerna aya di tokoh Sunan Ambu. Sedengkeun salaku tokoh anu
> ngahubungkeunana (axis mundi) hadir tokoh saperti Purbasari, Dewi
> Asri, Dayang Sumbi jeng anu lianna, anu dilingkung ku tokok-tokoh
> saperti Guru Minda, Mundinglaya jeung anu lianna, anu jadi negeskeun
> eksistensi tokoh-tokoh "ibu" tadi.
> Analisis sim kuring ieu memang patukang tonggong jeung analisis Jakob
> Sumarjo anu netelakeun yen tokoh lalaki mangrupa puser cara pandang
> Ontologi Sunda. Sim kuring ninggal jeung ngarakeun dina kahirupan
> masyarakat Sunda, anu negeskeun yen posisi Ibu dina masyrakat Sunda
> mangrupa pusat sakralitas. Hal ieu bisa kaharti tina pola mata
> "pencaharian" (naonnya basa Sundana)nyaeta tatanen, anu ngajadikeun
> simbol kasuburan, nyaeta sosok ideal Ibu. Tapi, sosok ibu ieu diwaitan
> ku terma "sunan" anu maknana "anu disuhun" atawa anu digungkeun.
> 
> 
> NyambungÂ…Â…..
> AG./bdg.
>






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke