Kang Joko, ISK, oge baraya sanesna. Kumaha upama ieu jejer, yen BASA SUNDA HESE?, urang jadikeun pooling. Sugan wae hasilna bisa dijadikeun bahan tinimbangan pikeun guru-guru basa Sunda di sakola. Ngarah pasualanana rada jelas, urang watesan heula. Urang mimitian noong pikeun ngajawab pasualan ieu: "Numutkeun pangalaman pribadi baraya sadayana, naha leres yen basa Sunda teh hese?" Supaya jawabanana bisa dipake pikeun noong leuwih jero, hadena tiap jawaban dilengkepan ku tinimbangan sewang-sewangan. Jiga saur Kang Joko, leres cenah basa Sunda teh hese, kitu-kitu alesananan. Ari jeung kang ISK mah ah teu sing hese, cenah, kieu-kieu alesanana. Tah, kumaha numutkeun baraya sanesna, kum we ieu mah ka sadayana, naha enya basa Sunda teh hese? Hasil pooling ieu sugan wae bisa dijadikeun tinimbangan, pikeun ngungkulan perkara pangajaran basa Sunda. Salam, MH kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ari kuring pribadi mah keukeuh teu nganggap basa Sunda hese. Teu percaya? Jung we tanyakeun ka urang Rawayan/Kanekes, atawa ka urang Pameungpeuk, atawa ka urang Sarkanjut, naha bener basa Sunda teh hese? Hese soteh pedah wae teu biasa jeung teu ngabiasakeun. Undak-usuk hese? Mun teu salah, ceuk Abah Surya mah nu teu meunang pahili dina masalah undak-usuk basa Sunda teh ukur sababaraha kecap, jaba deuih aya pilihan sejen (siger tengah, teu kabeungkeut ku undak-usuk teuing) pikeun kecap2 eta. Ngeunaan mindeng pahilina EU jeung E jeung É, utamana dina tulisan, eta mah alatan urang nu jarang manggih basa Sunda tulisan. "Atuh da hese nyiar bukuna ge..."
Bohong! Milari buku2 basa Sunda mah gampil pisan, mangga we pesen ka pun bojo atawa Uwa Sas.... heuheu isk On 12/1/05, joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kang MH, leres basa sunda teh hese, utamina dina undak usuk basa + basa tulisan. Mangga titenan ku Kang MH, tulisan wargi-wargi urang sadaya di KUSnet oge, masih keneh loba nu patukeur, hususna dina nulis kecap "EU" ditulis "E"jeung sabalikna. ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] --------------------------------- Yahoo! Personals Skip the bars and set-ups and start using Yahoo! Personals for free [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/