Kang Rachmat, Jejer ieu kantos diguar sababaraha taun kapengker, duka di milist ieu atanapi milis anu sanesna, atawa si kuring miresep langsung tina wangkongan. Leres, numutkeun katerangan elmu botani, luhurna sarakan (ketinggian tanah) Jayagiri teu cocok keur hirupna tutuwuhan jenis malati. Tegesna, patempatan anu luhur siga wewengkon Jayagiri (kl. 900 dugi ka 100 m luhureun rata-rata beungeut cai laut) lain habitat anu luyu pikeun tumuwuhna malati. Malati mah kaasup tutuwuhan habitat dataran handap (kl 700 m ka handap tina rata-rata beungeut cai laut). Asana Kang Iwan Abdurachman, nu nyiptakeun ieu lagu mashur, kungsi ngaku, yen lagu "Malati dari Jayagiri" teh memang mengkol tina tetekon elmu botani.
Kukituna, kaharti lamun "malati" dina eta lagu leuwih condong kana simbol. Simbol wanoja anu diheroyan, malah anu ditanyaan pisan dina hiji mangsa, di Jayagiri. Kabayangna mah Kang Iwan teh keur molonco adi kelasna, tuluy aya salah saurang wanoja adi kelasna anu anjeunna naksir...jst...jst. Perkara kahebatan Kang Iwan, dumeh eta tina "kanyeri" alatan cinta ditolak ngajanggelek jadi hiji lagu anu kakoncara, sigana kusabab anjeunna geus ngalarapkeun salah sahiji harti "Asih" dina runtuyan SILAS (Silih Asih, Silih Asah, Silih Asuh). Numutkeun Abah Surya (R.H Hidayat Suryalaga) anu ngadugikeun deui makna SILAS numutkeun salah saurang inohong Sunda, masing-masing komponen SILAS ngabogaan makna nepi ka aya 18-na. Hartina, aya 18 harti tina "Asih", 18 makna tina "Asah", sakumaha aya 18 maksud tina "Asuh". Hal ieu sakumaha kungsi dimuat di website sundanet: http://www.sundanet.com/arsip.php?page=4&cari=Asuh Salah sahiji harti "Asih" teh nyaeta: sakapeung nimbulkeun kapeurih tapi bisa dirasionalkeun, disublimasikeun (jadi pangrojong kana hiji hal anu positif). Cinta anu ditolak anu jadi tanaga anu gede pikeun nyiptakeun hiji karya anu kawilang "monumental", geus bisa dilakonan ku Kang Iwan. Lamun seug leuwih loba (ari sakabehna mah mustahil, sigana) jelema anu bisa ngalarapkeun 'asih" dina harti "kapeurih anu dirasionalkeun, disublimasikeun" ieu, leuh tada teuing baris ngaleuyahna karya-karya anu momental siga "Malati di Jayagiri" dina widang kawih/lagu. Cag. baktos, manAR PS: punten ka milist-milist anu sanesna, sim kuring crossposting ieu jejer. On 12/31/05, Rachmat Sugandi Hamdani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kahatur sadaya baraya Kusnet, > > > > Saha cing baraya Kusnet anu kapungkur osok ngajak bebene beulahan hatena,..ka > Jayagiri - Lembang > > bari nuang beuleum ketan sareng sambel oncom? (ngacung ulah isin-isin,...) > > > > Naha aya baraya Kusnet anu kantos mendakan malati di Jayagiri,...? > > terlampir posting ti milist tatanggi,...rahasiah lagu Melati di Jayagiri,.... > > > > Mangga nyanggakeun ,...ah,.... > > > > Baktosna > > > > Rachmat Sugandi Hamdani > > > > @@@@@@@@@@@@@@@@@@@@@@@@@@@ > > Date: Fri, 30 Dec 2005 > 11:25:16 +0700 > > From: [EMAIL PROTECTED] <http://us.f357.mail.yahoo.com/ym/[EMAIL > PROTECTED]&YY=91146&order=down&sort=date&pos=0> > > Subject: RE: Quiz: Ketan bakar & mie anglo puanass > > > > Waktu tingkat 4 an (1989-1990) saya & beberapa teman-teman 86 jalan Kaki dari > Lembang ke Tangkuban Perahu, > > lewat Jayagiri. Sepanjang jalan saya cari2 nggak ketemu pohon melati satupun. > > Kebetulan, Direktur Utama tempat saya kerja sekarang, dulunya anggota Wanadri, > > adik kelasnya Iwan Abdurachman, pencipta lagu tsb. > > Iseng2 saya tanya, kenapa sih Iwan Abdurachman bikin lagu tentang melati > > yang ternyata nggak tumbuh di Jayagiri? > > > > Ternyata, melati tsb > istilah Iwan Abdurachman untuk adik kelasnya > > (adik kelasnya ini teman seangkatan Dirut saya), yang "ditembak" di Jayagiri, > > di suatu malam, di awal tahun 1970an. > > Rupanya peristiwa "nembak" tadi berkesan betul bagi pencipta lagu ini, > > walaupun, kata Dirut saya, sang pencipta lagu ditolak waktu "nyatain" > cintanya :- > > (Bayangkan, satu kali ditolak satu lagu yang melegenda ! ... > > mungkin kalau saya bisa ciptakan lagu, saya sudah bisa bikin satu album 'kali > ya? :-) > > > > Ichsan Syarifudin, Sipil 86 (8186034) > > > *MELATI DI JAYAGIRI* > > Di puncak bukit > Telah saling janji > Telah terjadi > Janji sehidup semati > > Melati dari Jayagiri > Kuterawang keindahan kenangan > Hari-hari lalu di mataku > Tatapan yang lembut dan penuh kasih ... > > Kuingat di malam itu > Kau beri daku senyum kedamaian > Hati yang teduh dalam dekapan > Dan kubiarkan kau kecup bibirku > > Mentari kelak kan tenggelam > Gelap kan datang dingin mencekam > Harapanku bintang kan terang > Memberi sinar dalam hatiku > > Kuingat di malam itu > Kau beri daku senyum kedamaian > Mungkinkah akan tinggal kenangan > Jawabnya tertiup di angin lalu > > ------------------------------ > Yahoo! Shopping > Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! > Shopping<http://us.rd.yahoo.com/mail_us/footer/shopping/*http://shopping.yahoo.com/;_ylc=X3oDMTE2bzVzaHJtBF9TAzk1OTQ5NjM2BHNlYwNtYWlsdGFnBHNsawNob2xpZGF5LTA1+%0A> > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/> > > > > ------------------------------ > YAHOO! GROUPS LINKS > > > - Visit your group "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda>" > on the web. > > - To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]> > > - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of > Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>. > > > ------------------------------ > > [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help the victims of the Pakistan/India earthquake rebuild their lives. http://us.click.yahoo.com/it0YpD/leGMAA/E2hLAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
