Haturan baraya sadaya,

Seja ngalaporkeun kamekaran pabukon (perpustakaan desa) Simpay Katresna -
YP-KUSnet (Pasaka). Sakumaha geus diiberkeun ku MJ, program pabukon anu
anyar teh rek dibuka di Ciamis, di desa si kuring jeung di sababaraha tempat
sejenna anu diluluguan Kang Sonny jeung Kang Runa.  Kurang leuwih saminggu
ka tukang, MJ nga-sms ngawartosan yen buku keur muka pabukon di Ciamis tos
siap, kantun nyandak. Nya jangjian jeung MJ poe Kemis, 29 Desember 2005 buku
teh sangkan di kakantorkeun sabab dina poe eta ba'da lohor si kuring
ngarencanakeun ka Ciamis, acara maneuh ngalongok pun biang, sakalian mawa
buku keur pabukon tea.

Alhamdulillah, rarancang muka pabukon di Ciamis teh teh lumangsung sakumaha
anu dirarancang. Poe Kemis tea, tengah poe MJ ka kantor, malah harita buku
dititipkeun di frontoffice kantor jalaran sim kuring keur ka luar kantor.
Atuh pasosorena si kuring jadi miang ka Ciamis bari mawa buku titipan ti MJ
tea. Isukna, poe juma'ah, ba'da juma'ah si kuring geus ngaresmikeun pabukon
di desa Lumbung, Kacamatan Lumbung, Kabupaten Ciamis.

Pabukon anu diadegkeun di Lumbung teh diaranan "Pasaka Sedasakti". Ngaran
Pasaka sakumaha usulan ti YP-KUSnet anu minangka singgetan tina "Pabukon
Simpay Katresna". Anapon "Seda Sakti" eta ngaran PKBM (Pusat Kagiatan
Belajar Masyarakat) di Desa Lumbung. Ngahaja, keur sawatara waktu mah
pabukon di Lumbung teh dikantetkeun (gawe bareng) ka PKBM anu aya di desa
eta kulantaran sababaraha timbangan: lokasi tos sayogi, aya anu
ngokolakeunana, oge sami2 lsm.

Pangurus PKBM Sedak Sakti, anu diwakilan ku Kang Ono, babaturan ti keur
leutik keneh, nepi ka sababaraha kali nganuhunkeun ka YP-KUSnet anu parantos
kersa muka pabukon di Lumbung. Atuh pamugi wae kapayun ti KUSnet aya
lajuningkalu kanggo kerjasama sareng PKBM dina raraga ngalaksanakeun garapan
sanesna, kayaning: PAUD (pendidikan usia dini), KF (Kegiatan Fungsional),
Life Skill, Pusat Informasi Desa, jrrd.  Sugan wae YP, BMRC atawa
lembaga-lembaga sanesna anu lahir tina rahim KUSnet tiasa neraskeun
kagiatan-kagiatan sanesna ieu.

Rupina sakitu wae heula laporan pabukon anu nembe dibuka di Desa Lumbung,
Kec. Lumbung, Kab. Ciamis. Anapon lokasi Desa Lumbun teh ti Kota Ciamis ka
jihat Cirebon, terus ka jihat Panjalu kl 25 km; pernahna pisan antara Kawali
- Panjalu. Mangga ieu alamat kontak Pasaka Seda Sakti Lumbung: Ono Fudholi,
Spd, HP: 081322176864; Tlpn: 0265791440 atawa kontak ka si kuring oge tangtu
diwalonan.

Cag.
baktos,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Clean water saves lives.  Help make water safe for our children.
http://us.click.yahoo.com/CHhStB/VREMAA/E2hLAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke