Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     
   Hususon keur nu aya di kusnet atawa milis kasundaan tea, kuring rek umajak 
(siga hotib): Naha teu leuwih hade mun urang oge ngaramekeun milis-milis 
wewengkon eta? Ku naon, misalna, lian ti ngirim posting ka urangsunda atawa 
baraya-sunda teh teu sakalian ngirim ka milis kota-Bogor atawa Bandung-Raya? 
Pan sarua haratisna?

   Kira-kira, saha deui, nya nu rek "aribadah" siga aranjeunna?
    

>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>

Haturan baraya sa ajagat maya,

Kang MGT, 

Sigana mah aya jalan anu leuwih singget sangkan IBADAH urang ti milis ka milis 
manjang. Teuing olo2, teuing teu napsu, teuing kararagok atawa teu boga 
waktu... loba milisi anu ngan ngeposkeun ka hiji milis wungkul. 

Eta ge sarua we ibadah Kang. Tapi sangkan ibadah na manjang munjung, kuduna mah 
aya milisi rangkepan anu daek rarajeuneun natalepakeun (morwardkeun he he he) 
eta postingan tea.  Ibadah teu langsung tea meureun nya!

Kauntunganana: Postingan anu sarua moal tingsulabreng di unggal milis, apan 
geus make filter ku anggotana tea. Maranehna pisan anu nyaho, postingan mana 
anu saluyu jeung kamilisanana.
Hal sejen na, oge bakal mekar diskusi antara milis. Memang rada pakepuk... tapi 
aya alusna, sabab bakal aya dua diskusi paralel di milis masing2.

Lian ti kitu, lamun tiap milisi jadi anggota sakabeh milis anu aya, atuh keneh2 
kehed he he he. Jelema na diunggal milis atuh eta2 keneh. Ari ceuk kuring mah 
tiap milis kudu boga wanda masing2; aya nu umum, aya nu husus, aya nu leuwih 
husus.

Enya kitu? Duka teh teuing... lamun kuring salah tempo mah pangkoreksikeun 
bae... ;))




Baktos,

Rahman, Wassenaar/NL
                        
---------------------------------
Yahoo! Photos
 Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP.

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke