Panuju sareng kang Rahman. Saleresna sanajan aya benten pamadegan, saena henteu kedah ngabalukarkeun papaseaan. Saupami aya nu lepat, nya nu diutamikeun kajembaran manah masing-masing. Boa lantaran kakurangan elmu atanapi pangalamanna. Panginten hal ieu anu ngabentenkeun antawis umat nu 'dewasa' sareng umat nu leuwih ngagugu emosi.
Kumargi jejer dina email ieu nyaeta 'Saha nu dipeuncit?' abdi bade nambihan referensi wae, anu diserat Ust. Ahmad Sarwat dina http://www.eramuslim.com/i.php/ksl/view/0298.htm Tiasa ditingali yen pamadegan 'Ismail anu dipeuncit' teh kasimpulan tina informasi anu aya dina Qur'an. Leres memang kasimpulan ieu tiasa aya kalemahanana, nanging anu nyebatkeun 'Ishak anu dipeuncit' oge kitu deuih. Ti dieu mah kantun urang nu milih mana nu langkung tiasa katampi diantawis dua hal ieu, atanapi malah duanana teu tiasa ditampi? Ngeunaan seratan Abd Moqsith Ghazali, "Anehnya, hadits yang menjelaskan hal ini pun cukup beragam. Suatu waktu Nabi menyebut Ismail. Kala yang lain berkata Ishaq.", abdi rada poekeun. Rupina anjeunna kedah ditantang pikeun nunjukkeun hadits shohih nu mana anu eusina Nabi nyebatkeun Ishaq. Wassalaam, -Dian- On 19/01/06, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Saleresna rada sararieun rek > nyerat ieu teh, ngan panasaran ari teu > tulas-tulis teh. >>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>> > > > Kang Wly, > > Sieun ku naon Kang? Ku "sikat"? he he he... Puguh hanjakal, loba > pikagimireun di urang mah. Rada mikir saeutik... torojol tukang 'sikat' > (najan teu diondang ge). Hayoh ngadon 'beberesih'. Teuing kunaon, eta tukang > sikat teh ngarasa dirina pangbersihna meureun nya? Padahal da teu pira, > sikat na ge 'sikat injuk' meunang nginjeum ti batur deuih! ;)) > > Perkara puncat peuncit tea. > > Enya kitu Kang. Ibrahim teh moyang na bangsa Semit (Arab jeung Yahudi). Ti > Ishat turun bangsa2 Yahudi, ti Ismail turun bangsa2 Arab. Tong poho, > lolobana nabi anu turun teh apan Yahudi geuning (Sulaeman, Musa, Harun, > Isa!). Ti beulah Arab mah ngan Muhammad wungkul! > > Binih2 pasea dulur teh apan geus aya ti ditu keneh geuning. Leuwih jauh > munur katukang, pasea sadulur apan geus dimimitian ku Kabil jeung Habil > (lamun enya aya kitu oge!). > > Balik kana masalah Ismail vs Ishak. Sabenerna mah kuring TEU percaya kana > ideu yen Nabi Ibrahim TEGA rek meuncit budak na sorangan! Kade ulah > diturutan nya, ieu mah ngan sakuringeun wungkul!! > > Mana aya hiji bapa anu tega rek maehan budak na? Kuring mah teu ngarti! > Tong boro manusa, dalah hewan oge tara aya nu kabejakeun aya nu daekeun > maehan budakna sorangan. Komo ieu mah pantar Nabi deuih! Teu ngarti kuring > mah. > > Ketah aya oge tradisi bangsa Maya, anu sok ngorbankeun manusa. Tapi > biasana mah budak beulian, atawa tawanan anu dikorbankeunana teh. Aya oge > hiji conto bapa anu ngorbankeun budakna (awewe). Anu ieu mah dina perang > Troya (Yunani). Kacaturkeun apan Raja Agamemnon ngurbankeun putrina sangkan > meunang anging keur armada na. > > Ari ceuk kuring mah. Nabi Ibrahim lain sacerewelena REK ngurbankeun budak > anu dipikaasihna (kuring mah moal rek ngamasalahkeun saha2na! Da hese rek > ngabuktkeunana oge!). Ieu mah saukur amsal. Jeung deui, asa aneh dina > pamikir kuring mah. Piraku pangeran mani TEGA menta korban manusa? > > Cik aya ideu sejen? Ulah ideu teologi... tapi anu kahartieun ku sirah he > he he. Sabab argumen teologi mah muter! > > > Baktos, > > Rahman, Wassenaar/NL [Non-text portions of this message have been removed] http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
