Baraya,
Rek ngadongeng saeutik, sakalian ngabangbrangkeun hate.
Kuring teh keur nyeri hate, lain... lain dipangnyandungkeun ku si Iteung, oge
lain dijejeleh ku urut kabogoh. Nyeri hate teh kusabab kuring katipu meleg2!!!
Balanja ngaliwatan internet teh lain barang anyar keur kuring mah. Kuring remen
pisan balanja boh barang2 anu biasa oge anu teu biasa ngaliwatan internet,
sabab di NL mah ieu teh geus umum pisan.
Cikeneh kuring mesen hotel, mesen tiket pesawat, kadang2 sok balanja kabutuhan
sapopoe oge make inernet. Malah mah sababaraha minggu katukang kuring mesen ban
mobil keur usum tiis saopat2 ti Jerman. Lain gagayaan make internet teh...
murah na! Lamun kuring meuli eta ban tea ti toko biasa, haregana teh 800,
tapi liwat toko internet anu di Jerman tea mah ngan ukur 400 ditambah ongkos
kirim 20. Pan loba untungna!
Tah balik kana nyeri hate. Saminggu eh dua minggu katukang kuring ngahaja
neangan kamera digital Canon 350D make internet. Kapanggih nu kaitung murah,
situs toko internet di NL na oge rada kenal, ceuk sangkaan teh. Logo2 na
kaitung hade, situs na ditata rapih. Nomer daftar depdag oge aya!
Teu mikir lila, kuring mesen eta kamera anu haregana 714 (bodi jeung lensa)
jeung memori 1 gb saharga 65! Oge teu mikir panjang, harita kuring transfer
eta duit ka rekening eta toko. Kuring meunang imel anu eusina: "pesenan
katarima sarta bakal dikirim sagancangna".
Biasana mah dina jero dua poe, pesenan teh sok asup. Tapi kuring nunggu geus 4
poe, saminggu, teu embol2 wae. Panasaran... asup deui ka eta situ. Bet
leungit!!!! Ngimel ka manehna ge sababaraha kali, bet errrooorrr terus!!
Deg weh, boga sangkaan. Kuring katipu! Terus ngagoogle... meunang forum 'katipu
di internet'..breh weh, geuning lain kuring wungkul. Loba anu sejen oge katipu
ku ieu mangkeluk teh; ti 200- 1200.
Harita keneh... gidig kuring lapor ka bank jeung ka pulisi. Ayeuna ieu masalah
teh geus 'ditangani' ku pulisi. Sigana mah duit kuring teh lapur we tah...
kasebelan. Mun keur batur mah meureun teu sabaraha duit 797 teh, tapi keur
pantaran kuring mah eta teh kaitung gede!!!
Mudah2an we pulisi sing gancang2 nyangkalak eta mangkeluk teh. Tuman!!
Lamun kaparengkeun balanja di internet, mangkahade sing ati2. Cek heula bener
henteu na. Mun bisa mah diteangan heula dina forum!!! Diakreditasi heula. Ulah
siga kuring... hanjakal mah tara tiheula!
Baktos,
Rahman, Wassenaar/NL
---------------------------------
Bring words and photos together (easily) with
PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail.
[Non-text portions of this message have been removed]
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/