Kang RH, ngiringan ngacapruk deui ..........ah. Perkara bangsat dikarepung 
dugi ka maot,  kuring sok inget ka lembur kuring. Di lembur kuring teh aya 
sasak leutik, deukeut jurang nu ketelahna Sasak Rais. Tempatna geueuman 
pikasieuneun, keur budak kuring teu wani ngaliwat sosorangan kadinya. Ceuk 
pun Aki eta tempat teh disebat Sasak Rais sabab didinya teh aya bangsat 
maot, waktu dikarepung. Eta bangsat lumpat bakating kusieun, tepi ka 
tisusruk kana jurang nepi ka maotna. Rais, nami bangsatna teh. Kajadian ieu 
teh jaman walanda, kira-kira ditaun 1915-1920'an.

Kulantaran aya nu maot teu wajar, sanajan bangsat oge, pulisi (kolonial) 
ngadongkapan ka lembur kuring, teras tataros kumaha kajadianana tepi ka ieu 
jalmi dugi ka maot kitu. Nya atuh jalmi-jalmi di lembur teh mani 
ngarahodhod, sieun ku pulisi. Ngan aya nu sok "gagah-gagahan", namina teh 
Aki Arsa, masih dulur kuring keneh. Ceuk Pun Aki mah, Aki Arsa teh langsung 
nyarios ka pulisi bari gagah: "Waktu bangsat nyuruntul ka lebah dieu, ku 
kuring langsung dicegat, ngan teu beunang, da bangsat ngabalicet, lumpatna 
tarik teuing, tepi ka tisuksruk kana jurang"
Ceuk Pulisi teh : " Waktu nyegatna, mawa naon?"
"Halu!", ceuk Aki Arsa teh.
Atuh gerewel weh Aki Arsa teh ditewak, dituduh nandasa jelema. Aki Arsa 
dihukum aya taunna, malah lamun teu salah mah kungsi di panjara Kalisosok 
Surabaya sagala. "Rajapati"  ieu didongengkeun deui, didongengkeun deui, 
sabab teu kantos aya deui "rajapati" di lembur kuring, tepi ka jaman 
revolusi/DI.  Tah waktu jaman sanggeus merdeka mah, "rajapati" mimiti teu 
aneh deui. Aya sababaraha urang di lembur kuring nu ditembak Walanda, kaasup 
nini-nini, nu bakating ku sieun ku walanda, nyumput asup kana jarami di 
sawah bari ungkuy-ungkuyan, ditembak tantara Walanda da disangka tantara 
republik. Kitu deui jaman DI, di lembur kuring aya nu dipeuncit ku DI.

Katelengesan, sigana dimimitian (deui) ti jaman ieu, jaman mimiti teu 
pararuguh, dimana hukum henteu jalan. Tapi ketang kuring teu nyebutkeun 
bangsa urang teu telenges ti baheulana, sabab dina sajarah Indonesia nu 
ditulis ku urang Walanda  aya lalakon nu nyebatkeun yen karesep 
Sultan-Sultan Mataram teh ngadu jelema jeung maung. Sajarah Dipati Ukur ceuk 
versi Mataram (oge ceuk sumber-sumber urang Walanda nu harita keur nganjang 
ka Mataram)  Dipati Ukur teh sanes "tilem" saperti ceuk versi Urang Bandung 
jeung Sumedang, tapi ditewak, dicandak ka Mataram, dihukum diicis-icis 
(dikeureutan saeutik-saeutik) dugi ka maotna lami.

Katelengesan bangsa urang, katingali waktu sanggeus G30 S/PKI. Ratusan rewu 
PKI atawa nu disangka PKI, dipaehan jeung disiksa. Sababaraha kuburan masal 
ditimukeun di Jawa Tengah jeung di Jawa Timur. Bangsa urang jiga jelema 
"haus darah" maehan dulur sorangan bari seuseurian da nganggap nu dipaehan 
teh jelema "laknat" nu dosana teu bisa dibere ampun.

Ayeuna? aya urang Bule nu nulis surat pembaca dina Jakarta Post (kuring maca 
dina millis sabeulah), nu nyebutkeun, urang Indonesia mah, aneh, nu ciuman 
di umum teu meunang, awewe buligir diprotes jeung didemo, disebut 
maksiat....pokona mah nu sagala porno teu meunang, tapi tontonan televisi 
dina acara kriminal, seueur nunjukkeun kekerasan. Nu dipeuncit, Nu 
diteunggeul, getih ngalayah kamana-kamana, teu aya nu mrotes, komo jeung 
demo mah. Tayangan ieu teu nyaho waktu, bisa dilalajoan ku barudak.  Ceuk 
urang bule nu nulis surat ieu teh : "Make love no war!" 
....................hehehehehe


Baktos.
WALUYA
(Keur hayang ngacapraks..............)

 ----- Original Message ----- 
From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>


> Kepergok Curi Motor Tewas Dihajar Massa
>
> NIAT hati mengambil motor orang lain, malah nyawanya yang diambil.
> Itulah yang dialami BM, warga Kp. Pasirpogor Ds. Cikuya Kec.
> Cicalengka Kab. Bandung. Ia tewas setelah dihajar massa karena
> kepergok mencuri motor milik Teguh di Kp. Candi Ds. Tenjolaya,
> Cicalengka, Kamis (26/1).



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke