********************************* (.. hehehhe... pedah poe ieu babakan teh keur sepi, asa nyaring pisan ngadu boko perkara ekonomi teh)
Haturan ah, ka Bah Willy, Kang Rahman, Kang Yudi, kum na bae baraya sunda!! ... kuring mah moal ancrub jero teuing dina ieu paguneman, da lain manukna ieuh! lain nanaon sieun salah mawa jalan, geus puguh mun loba salahna mah. Ieu mah kuring ngcapruk bae, nya Bah?? ... sakaterang kuring mah islam teh sanes kapitalis nu kagungan sifat individual ... sumawonna oge komunis nu sok kokolektipan bin rereongan! Nu katengetan mah, paekonomian islam teh sigana nyoko kana sistem ..... -Kasaimbangan (tingali Zakat sareng sodakoh tea), -Teu Ngabeda-bedakeun (bae nu kagungan modal sareng anu kagungan tanagi wungkul sami-sami kedah didamel. Tingali hukum riba) sareng -Nyata (aya barang aya artos, atawa barter). Jadi di islam mah ... 1. Teu aya istilah nunumpuk harta pikeun pakaya nyalira, 2. Oge, sing saha bae dipasihan kabebasan pikeun usaha dina kamampuan sewang-sewang (jadi mun aya dua urang rereongan usaha dina widang jualan onta, si "A" nu saukur sanggem ngatanagian; nu hiji deui si "B" salian tanagi oge sanggem ngamodalan ... tah, si B teh teu kenging saukur nanampi kauntungan wungkul, tatapi kedah oge ancrub gawe ku kamampuanana, conto bae kamampuan si B sami sareng si A, saukur tiasa ngangon wungkul, jadi kedah sami pambagian kauntungan teh. Ayeuna upami si B saukur ngangon tatapi si A salian ti ngangon oge mamasarkeun eta onta... dina pambagian hasilnanya kedah langkung ka si A batan B, sanajan si B teh nu kagungan modal.... naha kitu??? sabab hartamah ditingalna saukur titipan, jadi manusa mah ngokolakeuna pikeun karaharjaan sakumna alam tea nu katelah na rohmatan lil'alamin tea.) 3. Naon nu dijual-peser dina islam mah teu siga dinu kapitalis nu nganggep yen barang/pakaya teh milik inyana, nu antukna nu mibanda barang/pakaya teh sok mangpang-meungpeung, pang aing-aingna, mun nek meuli sok sakitu, mun teu boga duit sok atuh di anjukeun bari bunga nu sok nyekek tea. Kitu oge sumawonna di Komunis..... nu ngangep yen barang teh milik sakumna rahayat, nu antukna hese jeung ngokolakeunana. Ari di Islam sistem, si barang/pakaya teh saukur titipan ti Alloh pikeun karaharjaan mahluk (konsep rohmatan lil alamin tea), jadi distribusi barang teh sasuai antara nu kagungan barang sareng nu kagungan modal. Hartina nya mun teu kabedag meser BMW roda opat mah nya teu kedah nyicil, nya wayahna we atuh BMW roda dua.... hehheh. (Na ari kitu mah atuh sistem paekonomia di islam teh sarua jeung welfare state tea meureunnya???) Tah didieu bedana... samemangna upami ditengetan mah sistem paekonomian islam teh nyabit-nyabit sistem walfare state tea, namung.... dina sistem islam mah aya nu janten mataholangna .... nya eta ahlak tea ... etika islam tea, nu nyokona kana hadist sareng al-qur'an, janten mun dina walfare state mah dina ngokolakeun ekonomina teh toh-tohan pikeun karaharjaan rakyatna, tah.. dina islam mah oge ningali tina hubungan jeung Allohna (haram/halal, al-qur'an & hadist) . (Mun kitu mah ieu konsep paekonomian islam teh sakitu hadena, naha atuh nagara islam mah teu maju-maju......???) Kela... nagara islam nu mana???? da sakaterang kuring mah ieu konsep teh tacanna aya nu nerapkeun kalayan kaffah!! (na kunaon??) duka teh teuing, cenah na mah pedah michael jackson asup islam!!! teu nyambung nya?? nya sambungkeun bae atuh!! heuheueheu....sakitu heula ah .... kuring mah eunggap sakit ge!! heheheheh punten, -pun adi- ********************************* On 1/31/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Hatur nuhun kang Yudi, kana penjelasanana sareng referensina. Janten > kapitalisme teh asalna mah tina "budaya sodagar" panginten nya?. > Tapi kieu kang margi akang nyebat-nyebat Lenin sagala, jadi akibat > aya faham kapitalisme ieu Komunisme lahir. Jigana mah reaksi kana > faham kapitalisme "bebas" di abad ka 19 (revolusi Industri). Tapi > komunisme apan akhirna jadi ideologi nu "dimusieumkeun", da teu > cocog jeung "fitrah" jelema, nu dasarna mah individualis ( atawa > individu nu independen tinu sejen). Komunis rek nyieun masyarakat > jelema jiga "masyarakat" rinyuh atawa nyiruan nu saragam jeung geus > kabagi-bagi dina tugasna. Individu rinyuh atawa nyiruan ukur > unsur tina "koloni"na, teu boga ambisi jeung kapentingan atawa > neangan kauntungan keur individuna. > > Kulantaran jelema mah lain rinyuh, lamun dikitukeun jiga rinyuh teh > jadi kararedul da euweuh kauntungan keur pribadina. Akibatna nagara > Komunis lain jadi subur makmur loh jinawi malah bubar atawa "pura- > pura" tetep komunis padahal geus robah jadi Kapitalis. Jadi didieu > geus kabuktian, ngabebaskeun jelema ngudag kahayangna leuwih alus > tinimbang nyengker kahayang jelema. Da buktina nagara nu fahamna > kapitalis nagarana mararaju. Tapi kuring oge teu nyebutkeun alus > kana Kapitalisme liberal model jaman revolusi Industri di > abad ka 19, nu malah nyangsarakeun rakyat. Sistem nagara-nagara > Kapitalis jaman ayeuna, geus loba dikoreksina, geus teu jiga > kapitalisme liberal jaman baheula. Didieu kaleuwihan "dunya bebas" > teh, wani ngoreksi diri, dimana kalemahanana, terus dibebener. Beda > jeung Komunis, nu maen mutlak-mutlakan,asa sistem > pangbenerna ................nu tungtungna malah amburadul. > > Eta Kapitalisme jeung Komunisme, nu memang dua faham nu patulang- > tonggong. Tah ayeuna jeung Islam? kumaha nya, Kang Yudi na ge > nyebat "duka" teu kersaeun ngajawab. Cikan aya baraya deui anu > langkung paos? .............diantos waleranana > > Baktos, > WALUYA > -----xxx > -- ******************************************* http://www.urang-sunda.or.id/ http://kusnet.blogspot.com/ http://www.sundanet.com/ http://su.wikipedia.org/wiki/Tepas http://pituin.multiply.com/ -------------- Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda téa. Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/ Sejana ilubiung kintun baé ka [EMAIL PROTECTED] ******************************************* [Non-text portions of this message have been removed] http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
