Kahatur Kang Waluya di Bandung,

Mani bingah pisan kang barang nampi serat ti akang teh, bubuhan 
atuda tos lami abdi teh tara nampi serat anu ngangge basa sunda.

Teu rek atoh kumaha atuda kang, da yeuna mah ngimpi oge sesering na 
mah ngangge basa indonesia abdi teh. 

Di Aceh cukup aman ayeuna mah kang, malahan tadi enjing abdi kungsi 
ngobrol jeng salah sahiji panglima GAM, Bachtiar Hamjah, kelaleresan 
tadi enjing teh manehna natamu ka kantor kuring.

Masyarakat Aceh ayeuna keur daria nalingakeun RUU PPA Aceh anu keur 
di godok di DPR 

Ari abdi kang, heunteu ari neuteup di Aceh mah, abdi ka aceh na teh 
sabulan sakali, lamina dua minggu tiap bulanna teh. Tah dina 
sajeroning dua minggu teh simkuring gaduh tugas jadi fasilitator 
sababara pelatihan kajuruan (vocational education). Jeng kalereusan 
dina danget ayeuna simkuring nuju aya di Aceh  

eh ... abdi gaduh pangalaman, watos Idul Adha kamari, kantor kuring 
di Aceh kurban sapi hiji, ti mimiti mencit, ngabagikeun dagingna 
nepika masak sadayana dipasrahkeun ka para tatangga. Anu matak heran 
na teh nyaeta pas maranehna masak daging sapi, salah saurang 
tatangga nyamperkeun kuirng bari mawa blender anu geus dieusian, 
teuing naon eusina mah da warna na teh kahejo-hejoan. Terus eta 
tatangga teh nanya bari ngasongkeun blender anu geus pinuh eusina 
tea tea "Segini cukup ga daun Acehnya?" pokna teh, kuring pungak 
pinguk da teu ngarti naon anu dimaksud geus cukup teh, untung 
babaturan kuring anu aya di gigireun ngaharewos ngabejaan yen nu 
dimaksud daun Aceh teh Nyaeta daun ganja. Atuh kuring teh reuwas 
dapuguh teu biasa. Tapi babaturan kuring ngaharewos deui, ceunah 
moal nanaon da didieu mah geus lumrah, lamun papasakan sok make daun 
aceh. Nya kuring ahirna mah unggeuk we tanda ngaheueuhkeun.

Barang geus asak kuring milu dahar, memang jadi lewih nikmat sayur 
daging na teh, dahar jadi hese eureun.  

sakieu heula ah..

Sakali deui, Nuhun

Baktos

Yayan


 
In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Haturan Kang Yayan nu di Aceh. Kang RH cenah mah nuju paciweuh, 
> janten "ukur" ngiriman wartos wungkul. Tapi pan lumayan Kang, 
> tinimbang urang milarian nyalira, parantos aya nu mangmilihankeun 
ku 
> kang moderator ......
> 
> Oh hilap nepangkeun kuring, pun Waluya urang Bandung nu asli ti 
> Sumedang. Nuju naon kang di Aceh? didamel atanapi ukur dines 
> sakedap?. Soh ah ngadongeng kumaha kaayaan Aceh ayeuna, ceuk beja 
mah 
> seueur LSM cenah nya Kang?. Nembe bieu abdi nelepon kana HP 
> rerencangan di Bandung, ari pokna teh keur di Aceh cenah aya 
> padamelan. 
> 
> Kuring oge kungsi ditawaran di Aceh teh, biasa we da kuring mah 
purah 
> tukang neangan cai di jero taneuh. Ngan teu disanggupan, da keur 
> pakepuk ku padamelan di daerah sanes, jeung ....duka rada sieun ka 
> Aceh teh. Aman kang ayeuna mah?
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Yayan Komara <yayankomara@> 
> wrote:
> >
> > Naha nya warta nateh seuseueurna ngagunakan basa malayu? sae na 
mah 
> ieu mailing list teh mayunkeun sareng ngadorong kana pamakean basa 
> sunda 
> >    
> >   Lamsepeung, Banda Aceh
> >
>






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke