Ka baraya nu aya di nagara-nagara Eropa, kalebet oge kang Kuncen, Kang 
RH, cik upami aya waktos mah, ngadongeng kumaha saleresna Islam di 
Eropah teh, naha ditampi, dicurigaan, dianggap aneh atanapi kumaha ieu 
teh.

Bieu kuring macaan ti millis tatangga, aya sababaraha seratan, nu 
nyebatkeun Islam "booming" di Eropah. Tapi aya deui nu ngabantah sabab 
saurna teh kieu :

1). Nu ngagem agama Islam teh sanes urang asli Eropah, tapi nu 
pendatang nu jadi warga nagara (imigran). Tantos we katingali "booming" 
margi turunana oge ngagem Islam, sareng deuih cenah ari imigran pan 
resep boga anak nu seueur (rendey lamun hayam mah ...hehehehe). Jadi 
Islam di Eropa (oge di Amerika) langkung nunjukkeun identitas etnik 
tinimbang agama anu gaduh niley universal.

2). Urang asli nu lebet Islam, cenah mah seuseuerna kulanataran nikah 
jeung urang Muslim atanapi jalmi nu resep "aneh-aneh". Tapi jalmi nu 
resep "aneh-aneh" ieu, tiasa wae ngagentos agama jiga ngagentos baju.

3). Naha leres, saleresna mah Urang Eropah langkung resep Budhisimeu 
(spritual "wetan") tinimbang kana agama-agama Semit?

Hatur nuhun sateuacanana.

Baktos,
WALUYA








http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke