Sampurasun...,

Nyeta Kang, kuring mah sok rieut ngabingunganana..., duka kunaon umat
Islam teh hese pisan dewasana. Cacak-cacak boga nabi (tuladan) anu
sakitu gede tur asak hampurana, teu getas harupateun.... Cenah kudu
nyonto ka Sunah Rasul, tapi nyatana sifat asak hampura jeng sabar anu
dicontokeun dina Sunah Rasul geuning dirempag. Sing horeng anu disebut
 hormat tilawat sarta nyonto ka Sunah Rasul teh nyatana mah ngan ukur
maca kitab Sunnah (Hadits) Nabi..., ari sual ngamalkeunana mah eleh ku
anu teu apal alif bingkeng-bingkeng acan.....

Sing kuring mah lain sedih kutalajak urang-urang non-Islam, tapi sedih
ninggal talajat dulur sa-Islam...; Tapi dina kituna mah kaharti, da
geuning tong boro-boro ka anu beda agama, dalah ka dulur sa-Islam oge
sakitu telengesna.......

Enya ceuk kuring oge.., matak rieut ngabingunganana....; ieu meureun
ciri-ciri kiamat teh: Islam sabage agama anu mawa kasalamatean
dunya/akherat teh ngan saukur tinggal ngaran, Kitab Qur'an ngan
tinggal hiasan (icon, label, simbol)... dan substansina mah jauh tina
kahirupan anu ngagemna.......; panon poe kaluar lain ti anu biasana:
anu bener jeung salah geus pahili torojolna.....

Siganama ayeuna wanci pikeun ngucap do'a: "Allahumaghfir lahu,
warhamhu......"; lain ngan saukur keur anu maot ieu do'a teh ayeuna
mah, tapi oge keur jalma-jalma anu masih hirup tapi geus paeh rasa
kamanusaan, paeh kasabaran jeung paeh sifat hampurana. Subhanallah...
Wallau'alam..... 

Kusabab geus loba unsur anu paehna di sakumna pribadi Umat Islam,
matak wajar lamun urang sok gampang dijebak pikeun ngalakuken kalakuan
anarkis, kekerasan, mateni sasama manusia, nganggap batur teu leuwih
bener batan dirina.... jrrd... 

Urang ISlam teh sigana ngalaman: tamiang meulit ka bitis, nyiduh ka
jomantara: kusabab kalakuan Umat Islam, akhirna Rasulullah anu
dijejelehna..... deudeuh teuing.....

Allahumaghfirlana...warhamna.....; Allahuma shalli 'ala sayidina
Muhammad....

AG.....

===========================


--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Haturan Kang AG,
> 
> Nya atuh harita mah rada kaharti rek sieuneun oge. Sabab aya
kapentingan kakawasaan jeung ekonomi (kolonial) tea. 
> 
> Anu jadi maslah ayeuna mah, imago agama urang anu goreng kacida di
Kulon. Ku kitu na mah kaharti. Sabab sisi KASAR Islam anu mucunghul
leuwih kuat tinimbang sisi ALUS na. Aya kelompok minoritas anu MAKE
ngaran Islam saperti kelompok2 teroris jlte anu NYINGSIEUNAN kahirupan
urang Kulon. 
> 
> Terus masalah kartun tea oge nguatan ieu persepsi. Hanjakal puguh....!!!
> 
> Islam ruksak ku urang Islam sorangan (atawa manusa anu ngaku2
Islam?). Teuing lah... asa sedih. Ceuk kuring mah, umat Islam kudu
ngayakeun operasi nyieun imago anu alus. Misalna ngayekeun demo
gede2an anti teror, siga ayeuna demo anti kartun (minus 'kekerasan'
tangtu na oge!).
> 
> baktos,
> 
> Rahman
> 
> 
> 
> Lodaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     
>  Kang, urang Walanda mah ti jaman baheula oge siuneun ku urang Islam
>  mah; komo ku Kyai jeung para santri mah. Urang islam mah (khususna anu
>  aya di Indoensia) mangrupa musuh bubuyutan urang Walanda, leuwih ti
>  400 taun ka tukang. Hehehehe....
>  
>  
>  AG.
>  
>  
>  
>  --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Rahman" <rsyaifoel@> wrote:
>  >
>  > Baraya,
>  > 
>  > Kamara aya panalungtikan (jajak pendapat; naon Sunda na?).
Hasilna teh
>  > siga kieu:
>  > 
>  > Intina mah urang NL sieun ku Islam
>  > 
>  > Nederlanders banger voor islam
>  > 
>  > 44 % leuwih sieunen ku ayana kasus konflik kartun tea. Awewe lewih
>  > sieuneun tinimbang lalaki  
>  > 52 % nempo urang Islam teu boga sikep anu tolera
>  > 70 % nganggap teu ngajenan awewe
>  > 55 % nganggap teu boga rasa humor
>  > 
>  > 54 % nganggap anti democratie 
>  > 40 % anti "damai"
>  > 
>  > 
>  > Mayoritas responden ngarasa SIEUN mikiran pikahareupeun; ancaman ti
>  > kaum Islamis. 
>  > 
>  > 10 % nganggap yen kahirupan GEUS diruksak ku rupa2 insiden anu boga
>  > kasang tukang jeung agama (Islam).
>  > 
>  > 
>  > Kasimpulan kuring; IMAGO Islam kacida GORENG na di NL!!! :(((
>  > 
>  > baktos,
>  > 
>  > Rahman
>  >
>  
>  
>  
>  
>       
> 
>   http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
>  
>  [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
> 
>               
> 
>         SPONSORED LINKS   
>                                                     Spanish language
and culture                                       Indonesian languages
                                      Indonesian language learn      
                                                             
Indonesian language course                                           
      
>       
> ---------------------------------
>    YAHOO! GROUPS LINKS 
>  
>     
>     Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.
>     
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>     
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
Service. 
>  
>     
> ---------------------------------
>  
>  
>      
> 
>               
> ---------------------------------
>  Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, &
more on new and used cars.
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke