--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya, duka teuing kuring mah nepi ka kiwari teu ngarti. Kunaon ari
urang aya ku resep teuing kana sagala rupa teh, nempel-nempelkeun
LABEL SUNDA? Nepi ka elmu pangaweruh oge make label "elmu Sunda". Ari
sugan kuring, elmu mah rek datangna timana wae,  ti saha wae, kaci wae
dipake sapanjang aya manfaatna.  Cing sugan aya bongbolongan, naha
naon manfaatna upama urang nempel-nempelkeun LABEL SUNDA kana
sabangsaning aspek kahirupan urang? (mh)
> 
>
Kang MH,

Sigana mah anu jadi sabab teh, kulantaran dina sagala widang dina
budaya urang EUWEUH nu bisa DIANDELKEUN. Jadi weh rada minder ku batur.

Ku make jeung nempelkeun label Sunda tea... meureun karasa kaangkat
darajat na. Mangpaatna mah meureun nya keur ngahudangkeun sumanget
kitu? Duka teh teuih ketah....

Ngan eta we... sok asa ningnang he he he.... Contona: Ilmu kimia
Sunda? Atawa Ilmu antariksa Sunda... wuah... he he he, tah nu ieu mah
rada pantes, da geus aya buktina: NINI ANTEH pan geus nganjrek di
Bulan lin? Teknologina geus dipake ;))

baktos,

Rahman





http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke