Walah..he..he..he.......
Abi mah teu kuat kuseuri, geuningan kang Waluya oge tiasa membuat
orang ketawa he..he..he..

Leres kang Waluya, sigana mah Rhoma Irama cs teh sirik, gara-gara
goyang ngebor Inul, mereka mah enggak laku lagi he...he....
Atuh kedah ngukur ka awak ari si Rhoma teh ayeuna mah geus kolot
kuduna mah mendorong kapenyanyi dangdut muda tambah maju. 

Abi mah da ti alit oge anti ka Rhoma Irama teh, duka tah pokokna mah
teu resep kamanehna teh (asa pang akangna) padahalmah manehna teh
belum tentu bener masih resep kawin jeung wanoja ngora ih..teu
eraeun.., pokokna mah anti Rhoma, hidup Inul he..he..he..

Ari Alamat kang Waluya teh dimana (Bandung/Sukabumi) ? sugan upami abi
uih kalembur tiasa mampir, seueur baraya abi oge di Bandung mah.

Baktos,
Nenen Karl Gunadi










--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> --- In [email protected], "Nenen" <nn4wjr@> wrote:
> >> Kang Waluya, abi maca diJawa Pos masalah penyanyi dangdut Inul ceunah
> > dicekal ku Rhoma Irama, pedah goyang ngebor he..he..he.. kumaha ari
> > geus kitu tah, cing pendapat kang Waluya ?
> > 
> 
> Hehehehe ....terang geuning si Inul. Wah enya leres si Inul mah, eta 
> dugi ka muter kitu jiga mesin bor. Ah ari ceuk kuring mah teu aya 
> nanaonan, komo kudu disebat porno sagala mah. Inul teh ceuk beja mah, 
> panyanyi dangdut kampung, nu kukurilingan ngamen di kampung-kampung di 
> Jawa Timur. Teras aya nu mendakan, nu katarik ku cara Inul ngagitek, 
> jadi weh manehna selebritis, kakoncara sakuliah Indonesia. Upami 
> soantenna mah, ah biasa-biasa wae, ngan ngagitekna we nu luaarr biasa. 
> Acan tangtu nu sanes tiasa ngalakukeun/nurutan Inul. Ceuk ahli 
> kasehatan, joged sapertos Inul kitu, tiasa aya pangaruhna kana pianakan 
> (rahim). Janten Teh Nenen kedah ngemut heula upami bade joged nurutan 
> Inul ..hehehehe. ( Inul dugi ka ayeuna oge teu gaduh putra, sanajan 
> gaduh caroge oge).
> 
> Ari Bang Haji mah ( Rhoma Irama, sok disebat Bang Haji), ayeuna  
> parantos janten kyai, malah sok kampanyeu keur partey Islam. Sae ari 
> kitu na mah, ngan nyaeta rada aneh, mani kacida ngewana ka Inul teh, 
> duka lamun ngarasa kasaingan mah, maklum pan manehna mah geus 
> umuran, "post power syndrome" jigana mah. Kuring oge kapungkur simpati 
> ka Bang Haji teh, da waktos di taun 1970'an Oma Irama jeung dangdutna 
> teu kenging maen di TVRI, ku alesan dangdut musik kampungan. Hanjakal 
> Oma Irama teu ngeunteung ka pangalaman manehna waktu teu meunang 
> nonghol di TVRI baheula, malah ayeuna manehna kalahka ngalarang-larang 
> batur mintonkeun kabisana, lain dina televisi wae, tapi kahayang 
> manehna mah teu meunang di sakuliah Indonesia.
> 
> Bang Haji oge resep kawin (maklum urang Sunda ....hehehe). Kamari dina 
> acara gosip selebritis dina TV, ribut soal parea-rea omongna Oma jeung 
> istrina nu teu resmi (Nikah siri / kumpul kebo) dugi ka papisahna. 
> 
> Jadina teh pabaliut Teh Nenen, ceuk Oma Irama, moral teh urusanana ukur 
> jeung bujur awewe ngagitek wungkul. Nu Matak di lembur mah seueur nu 
> gagaro teu ateul, urusan "bujur muih" wae kudu ka parlemen (DPR)!
> 
> Baktos,
> WALUYA
>






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke