> Duka nya, kunaon ari urang Arab sok diasosiasikeun wae jeung "eseks- > eseks", manawi aya baraya aya nu terang, kira-kirana kunaon nya?
haturan kang waluya ieu mah saur kuring, anu teu terang nanaon kana masalah maranehanana, abi ayeuna di kairo, sahenteuna sok komunikasi jeung urang mesir. saya mah kadang2 sok lieur mun ningali urang mesir ningali ka urang asing, khususna mah pelajar indonesia. anu notabene pelajar agama, mayoritas kaluaran ti pasantren. jadi ningali ka urang teh sinis we, teu aya bengeut anu mikanyaah atawa gaul kitu, komo anu istri mah, eta mah mayoritas. kaayaan di mesir kan bebas, teu kedah ngangge cadar, komo musim panas mah, asa di lembur sorangan we, eta kelek teh kamana endi. dina hiji waktu, saya ningali mojang mesir anu siga kleopatra lah kira2 mah, ya ampun eta mah panon urang mesir meni telik ningalikeun saya, siga anu cemburu kabina2 we eta mah. anu oge sebagian tki anu di mesir sanaos ilegal oge, anu kapincut ku urang mesir, pas ngobrol jeung urang mesir ternyata pami nikah didieu mah sesah, kedah nyayogikeun bumi, sareung sajabana, pami peralatan dapur mah ti istri. jadi ceuk kuring diantara arab identik sareng esek2, hesena ekonomi, khususna dina meser bumi, di samping istri mesir mah ayeuna tos paham materialisme. ada fulus mulus, la fulus mampus. anu sejena dina masalah adat, kadang2 faktor orang tua masih jadi dominan dina nangtukeun pasangan. hubungan ato jalan berdua bagi dua pasangan anu bobogohan masih dianggap tabu. dina hiji waktu kuring teh kantos ngaos dina hiji media, di arab kan diantara kerabat teh sok dijodohkeun jeung sajabana, tah ternyata hiji analisa nyaurkeun bahwa eta teh kanggo ngajaga harta katurunan anu seeur supados teu lumpat kabatur. pami di saudi mah sanes deui, amir sareung keturunan raja sering gonta ganti istri, nu jelas mah patokan 4, tujuanana nyaeta supados hiji kabilah teh tetep loyal ka nagara, sahingga teu aya oposisi. aya oge hiji carita ieu mah ceuk batur, urang indonesia teh nikah ka urang mesir, teras di candak ka lembur, eta mah keluarga anu di indonesia gogodeg kumargi tuangna kedah salawasna babauan daging, saur aranjeuna teh "ari silaing ti mesir teh kalahkan mawa buaya" teu nyambung nya punten bahasana acak2an, salam baktos Aas http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
